Leres kang waluya, standar kalulusan kedah 4,01 tina skala peunteun 0 - 10, muhun upami ninggal tina nilai 4, teh alit . Tapi kanyataan di lapangan mah nilai sakitu teh matak muringkak bulu punduk he he.........
Anu atos-atos peunteun teh mani aralit pisan, komo matematika seueur na hasil unas teh mung anatawis peunteun 1 dugi ka 3, manawi kanggo taun ayeuna barudak teh ngeper oge ku unas 4,01 sarieun teu lalulus
Pamarentah aya maksad kanggo nganingkatkeun kualitas pendidikan di urang, mung tos telat !!! lain ti baheula, da kumaha teu telat nagara batur mah tos lumpat jauh, ari di urang karek ngarayap mimiti tina peunteun heula. Tapi sakitu ge lumayan , kanyataan barudak ayeuna soson2 diajar da sieun teu lulus. Beda jeung taun anu katukang-katukang, peunteun 0, 5 tina hasil unas bisa lulus, apan teu masuk akal......tah ti ayeuna geus mimiti arek nganingkatkeun kualitas na, tapi sakola-sakola utamina anu di daerah2 teu acan siap, loba anu demo ngenaan standar kelulusan. Satadina mah mun teu lulus kudu ngulangi deui sakola sataun karek menang ujian deui, kulantaran loba pertimbangan nya anu teu lulus tiasa di ulangi deui ujian na engke sasih juli, malihan mah cenah mun teu lulus keneh, menang ujian deui......teuing mun teu lulus tilu kali, naha menang ujian deui....teuing kumaha.....?? tapi ceuk si kuring mah luluskeun wae nya.......karunya....he he, apan sakola teh gede
biaya.......
Mangga kasadaya, si teteh teh nuju pakepuk mayunan unas.......
Wassalam
Teh Tien tea
( nuju deg-degan sieun teu lalulus barudak teh....., mun teu lalulus....paur sakola ancur di baledog.......he he )
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rumasa kirang perhatosan dina soal ieu teh, kang Kinkin. Hoyong naroskeun
perkawis standard kalulusan nu kedah 4,01 teh, maksadna tina skala peunteun
0 - 10 (0 peunteun minimum, 10 peunteun maksimum) atawa skala peunteun nu
sanesna?. Da upami dina skala peunteun 0-10 mah, peunteun opat teh kacida
alitna .......hehehehehe.
-BahWilly-
----- Original Message -----
From: Kinkin Mirajul
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Sunday, May 09, 2004 8:51 PM
Subject: [UrangSunda] UAN...
Assalamu'alaikum wr. wb.
Kumaha baraya sunda, sarehat nya? nuhun ach eta pisan nu dipihareup ku
simkuring.
Dina dangeut ieu alhamdulillah simkuring tiasa ngiring janteun anggota
KUSNET, ku kituna aya hal nu peryogi di kapayunkeun, mudah2 an baraya sadaya
tiasa masihan solusi atanapi pamendakna dina ieu masalah...
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

