Wa'alaikumussalam Wr Wb
 
Haturan kang Kinkin, wilujeng tepang sareng sareng si teteh.......sareng wilujeng gabung di lembur kusnet, anu dipikameumeut ku urang sadaya.
Perkawis UAN teh, kanggo urang  mah "Dilema" , sesah ngamimitian na kumaha saena sangkan pendidikan di urang teu terpuruk dugi ka titik nadir......he he
Ke urang cobian masihan bongbolong perkawis UAN, kahiji upami bade nerapkeun kawijakan anyar ulah gurung gusuh, dibulak-balik heula untung rugina nerapkeun aturan mung sataun, saena mah aturan teh tiasa diterapkeun tilu tahun janten sosialisasi ka masayarakat cekap sareng kedah jelas aturan ulah mencla-menle....maksadna aturan tiasa di robih2. Janten standar kalulusan 4,01anu bade dongkap ulah robih deui dugi ka tilu taun, sareng aturan anu teu lulus di pasihan kasempetan mung sakali wae.
Kadua, kawijakan anu bade di terapkeun kurikulum 2004. nyaeta kurikulum standar kompetensi ,seueur kendala. dongkapna ti para pendidik, oge sarana prasarana dugi ka ayeuna teu acan siap tapi kedah siap mayunan kurikulum anu bade dongkap  Tah dina uan na teh kedah diemut pisan standar kelukusan na sabaraha, eta sosialisasina kedah lami sareng jelas ka masyarakat....
Tos sakieu heula kang Kinkin, ka payun urang sambung deui....
Mangga kang Kin lajengkeun.....
 
Wassalam....
 
TEh tien

Kinkin Mirajul <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr. wb.
 
Kukituna manawi aya pameundak ti sadaya ki dulur ngeunaan ieu masalah, abdi hoyong uninga kumaha keudahna meucahkeun perkawis UAN ieu...
 
Sakitu panginteun nu tiasa di dugikeun ku simkuring, kirang langkungna simkuring nyuhunkeun dihapunteun...
 
Wassalamu'alaikum wr. wb.
 
 
Kin's  


Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke