UAN van Malaya

Ngabandungan beja di koran oge di milis, perkawis
Ujian Akhir Nasional (UAN) aya nu panuju, nu teu
panuju, oge teu sakedik nu bingung. Masing-masing
gaduh alesan sewang-sewangan. Kanggo bahan wacana
malah mandar aya manfaatna, cing urang noong sistem
ujian di tatangga nya. Mudah-mudahan we tiasa
dijadikeun eunteung keur nu resep bari ngartos
peryogina ngeunteung. Pan ari teu nganggo eunteung
mah, tong nu tebih-tebih, nu pangcaketna oge sapertos
pangambung pan teu katinggal, komo cepil mah. Keun we
teu kedah isinnya eta pedah cenah Malaya teh kapungkur
mah kantos maguron ka urang, ari ayeuna seueur anu
maguron ka tatangga. Sateuacanna ninggal jiga kumaha
UAN ala Malaya, urang ngadongeng heula perkara sistem
atikanana nya. 

Sistem Atikan Malaya

Sistem atikan formal di Malaya aya tilu tahapan,
nyaeta: Sekolah Rendah (SR) 6 tahun, Sekolah Menengah
(SM) 5 tahun, sareng Institut Pengajian Tinggi (IPT)
biasana 4 tahun atawa langkung. Sakola di SR biasa
disebut Tahun 1, Tahun 2 dugi ka Tahun 6. Tah syarat
asup ka SR teh umur budak kedah tos 6  taun atawa
langkung, teu kaci kirang sadinten oge. Biasana
panarimaan budak SR teh bulan Januari. Beres SR
diteraskeun ka SM, biasa disebut Tingkatan 1,
Tingkatan 2 dugi ka Tingkatan 5. Sarengsena SM upami
bade teras ka IPT aya tilu pilihan, nyaeta kedah
ngiringan program Matrikulasi, Tingkatan 6, atanapi
Diploma heula.

Proram Matrikulasi teh minangka program khusus kanggo
budak anu pinunjul, lamina sataun, saterasna tiasa
lebet ka program ijazah di IPT. Ari Tingkatan 6 kanggo
lepasan SM kelompok kadua, lamina kirang langkung dua
tahun (efektifna mah sataun satengah), biasana dibagi
janten Tingkatan 6 Rendah (taun kahiji) sareng
Tingkatan 6 Tinggi (tahun kadua). Saparantosna beres
Tingkatan 6, nembe barudak kelompok kadua teh tiasa
ngiringan program ijazah di IPT. Tah program Diploma
mah kanggo lepasan SM kelompok katilu, lamina biasana
tilu tahun. Saparantosna beres program Diploma,
barudak kelompok katilu mah seuseueurna teras milarian
damel, sabagian alit tiasa neraskeun ka IPT. Janten
program IPT teh terutami diprioritaskeun kanggo
lepasan program Matrikulasi sareng Tingkatan 6.

Salami di SR dugi ka SM mah teu aya istilah teu naek
kelas, janten eta program teh teras we dugi ka
rengsena salami sawelas taun. Tah salami si SR sareng
SM teh barudak diajarna dikelompokeun kana kelompok
unggul, menengah sareng sederhana. Misalna barudak
Tahun 1, aya kelompok Tahun 1 Unggul, Tahun 1
Menengah, sareng Tahun 1 Sederhana. Tah engke dina
Tahun 2 barudak tadi teh bakal dikelompokeun deui kana
kelompok anyar, janten aya budak anu pindah ti
kelompok sederhana sareng menengah ka kelompok unggul,
atanapi sabalikna pindah ti kelompok unggul ka
kelompok lainna. Ieu teh gumantung kana prestasi
barudakna. Proses eta teh teras dugi ka sekolah
menengah tiap tahun. Janten tiap taun program atikan
teh jiga proses adonan, diproses teras diayak,
diproses deui nya diayak deui. Ku cara kitu satiap
budak teh kagungan waktu sareng kasempetan anu cukup
kanggo perbaikan nasibna. 

-=hanca=-



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.
http://promo.yahoo.com/sbc/


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke