Mun
teu salah mah mimitina teh tabuh satengah dalapan peuting, di salah sahiji TV
swasta aya acara Konser menuju Bintang, budak teh lalajo, eta mah mani giak,
aya nu lucu saeutik ge ngabarakatak asa kaindit, sanggeus sababaraha lagu
budak teh ngomong " Abah dijinkeun nongton dugi ka seep..?", kuring unggeuk
bari ngomong.."Mangga, diijinkeun..", budak balik deui nongton jeung dulurna
nu sakola SMU.
Enya
biasana mah budak teh ngedengna sok tabuh dalapanan, matakna menta ijin ge
acarana kira kira bakal lekasan jam salapanan.
Teu
lila budak teh nanya ka kuring, harita kuring keur anteng maca Guriang Tujuh,
buku basa Sunda kumpulan carpon pangarang wanoja wungkul, ceuk budak teh "
Abah ari Gladiator teh naon..?", kuring panasaran naha budak bet nanya kitu,
euh geuningan acara tv teh dijudulan Konser Menuju Bintang Opera Gladiator
siaran langsung ti Semarang.
Ceuk
kuring Gladiator teh ahli perang jaman Romawi.
Budak nanya deui ari Romawi teh di
Semarang..?
Kapaksa kuring muka kar dunya, Romawi mah jauh pisan
ti Semarang, jeung deuih teu nyambung mun dihubungkeun jeung Semarang mah,
dina waktu jeda iklan kuring rada panjang cacarita, ari keur tongtonan hiburan
saharita mah teu nanaon make seting bangsa deungeun, ngarana ge hiburan, ari
hubungan budaya mah euweuh.
Teuing budak teh ngartieun atawa henteu nu puguh mah
jejebris bae lamun jeda iklan lila, satengah salapan budak merelek heuay,
encan ge acara lekasan budak geus kerek.
Isuk
isuk, kira kira tabuh lima, budak teh ngorejat, terus ngambek ka indungna.."
Umi mah...gara gara Umi jadi weh nongton kaboboan, teu ningali Mawar
nyani..!", indungna teu ngajawab da lamun dilayanan budak teh sok terus
ngambek, indungna api api ijigimbrang sibuk sasapu, atuh kuring ge api api
memeres bawaeun ka pagawean, sieun kabarerang.
MSasmita
(budak teh umurna kakara 7 taun kelas hiji
SD)