Pantai Anyer

Hiliwirna angin peuting
nyapuan beungeut ku sumilirna
rarasaan masih teu puguh rampa
ninggali ka sagara nu euweuh tungtungna

Harita �kuring wakca
mawa harewos tresna
anjeun sorangan teu nyangka

Hayang bisa ngabohong ka anjeun
tapi teuteup anjeun seukeut pisan
nurih hate nu keur paciweuh
ngabudalkeun sagala eusina

Katinggali sakolebatan teuteup soca anjeun
pinuh ku rasa teu percaya
tapi da geuning kieu buktina
kuring bener-bener �mikatresna anjeun

Duka teuing nepi ka iraha
tapi hate leutik nyarita, ieu moal lila
ieu ngan ukur samentara
bener ceuk hate, gening teu lana

tapi naha, ieu duriat manjang nepi ka ayeuna
masih ngait kana hate urang duaan
naha naon dosa urang?
pada boga tresna tapi teu bisa nyata

ayeuna urang kudu kumaha?
ngan ukur bisa ngadu'a
ngan ukur bisa tumarima.


[Cibitung, 10 Mei 2004, Toni Sofian]

inget harita teh pas milangkala manehna
tanggal 1 Desember 2000, jeung kulawargana





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke