Ieu mah leupas tina kamampuan atanapi sejarah kinerja nu tos dilampah (goreng atanapi alus) ku Kang Agum Gumelar, upami anjeuna kenging suara seueur di Tatar Sunda tangtuna bakal ngabuka panon politikus nu mana ayeuna rahayat tatar sunda dianggap teu aya sihungan. Mangga tingali ayeuna politikus keur rame-ramena parebut capres+cawapres ti golongan NU, Hasyim Muzadi, Solahudin, Gus Dur, padahal rahayat tatar sunda teu bisa dianggap saeutik keur calon pamilih, oge saleresna seueur rahayat tatar sunda nu potensial ngan can katingali, bubuhan urang mah nyekel elmu pare tea, seueur rahayat sunda nu potensial teh "nyumput buni di nu caang".
Tah Kang pamilihan Agum Gumelar teh hiji momentum penting nu tos lami dongkapna sareng dina kapayun mah can puguh aya deui kasempetan siga kieu keur "ngahudangkeun urang sunda" jeung "nangtungkeun urang sunda". Sacara itungan kasar mah pasangan Agum+Hamzah teu asup kana pilihan paporit rahayat Indonesia, rupina moal meunangkeun pamilihan presiden, kumargi Agum kirang populer dibanding capres+cawapres nu sanes, kitu deui Hamzah Haz komo ditambihan ku istri anjeuna nu seueur. Nanging keur rahayat tatar sunda mah gueeeede pisaaan pangaruhna, sanaos anjeuna teu kapilih janten wapres nanging upami di wilayah pemilihan tatar sunda kenging suara ageung, tangtuna para politikus bakalan mikir yen tatar sunda teh boga kakuatan nu luar biasa gueeeedeena, sajaba ti NU politikus oge narik Sultan HB, Yusuf Kalla jeung urang makassarna, rahayat tatar sunda mah dianggap enteng. Sareng deui momentum ieu oge keur ngahudangkeun urang sunda nu gaduh potensial supados teu kadeseh ku ku seler sanes.
Nanging sadayana oge gumantung  Kang Agum dina cara pendekatan sareng rahayat tatar sunda, mun seug anjeuna meunang simpati ti rahayat tatar sunda pastina bakalan meunang suara ageung sanajan teu kapilih wapres.
Diantos ka tanggapanna.........
 
 
HIDUP AGUM
HUDANG EUY URANG SUNDA
CAG GEURA NANGTUNG
LAJENG MAKALANGAN
SARTA TONG HILAP KA LEMAH CAI
HIDUP SUNDA........


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke