Punten, 
sanes kuring teu ngarojong US mun makalangan dina arena pulitik 
nasional. tapi dasarna kuring teu ngadukung kang Agum teh nyaeta: 

1. salila anjeuna janten Menhub, cing naon prestasina sacara 
nasional? Jalan - jalan teu katolih, beuki nacur malah. Sarana 
trasportasi anu aya dina kakawasaana teu aya peningkatan. nalika 
kareta api tos jadi "mesin pembunuh" no 4, cobi naon anu dilakukeun 
ku anjeuna. asana teu kirang ketak. kitu deui dina widang tehmologi 
telekomunikasi, kunaon manehna bet keukeuh naekkeun tarip telpon? 
rugi wae? ah maenya? cenah telkom untung trilyunan. kamana tah! 
teras, nalika pilihan tehnologi anu murah tos aya jang tehnologi 
telekomunikasi, Kang Agum kamana wae, naha bet keukeuh mun urang 
masang telepon teh anu pangaosna 500-12000 dollar? (punten upami 
lepat). ono purbo anjuena tos ngajelaskeun hasil panalungtikan 
ngenaan tehnologi ieu. malahan mun teu lepat, hasil manehna teh 
kaanggo di sababaraha negeri di APrika, sareng Eropa. Kunaon? ku 
mirahna. Ku naon kang Agum teu nganggo anjeuna? jadi we dipake batur. 
urang mah, cicing we....

2. Nalika kuring aktif di YPJB--tempatna US anu aya di Jakarta deuk 
merjoangkeun Miss Tjitjih, Kang Agum kamana? malihan kalah janten 
Pelindung Grup Srimulat, anu ti Jawa. untung harita aya keneh Mantan 
Gubernur Jakarta Surjadi anu sanggup ngabelaan Miss Tjitjih, padahal 
anjeuna teh Urang Sunda Banten. Untung aya Dr Hari hariri anu deputi 
Bappenas, jadi we agenda ieu tiasa karojong. Ayeuna malihan miss 
Tjitjih tos makalangan, alhamdulillah. 

3. Nalika Gema Jabar ngumpulkeun dana jang ngabantuan Tulisa STS anu 
terus kontraversial tea, Kang Agum di mana? Malahan, nalika US menta 
komitmena, anjeuna malah sumanggeum: "Orang Sunda jangan Cengeng!". 
Leres kang, US mah da teu cengeng. Sahingga, teu meunang kakuasaan 
oge teu nanaon. tanahna loba dijejek, dijadikeun tempat hirup lain US 
oge, adem we... Naha nu kitu cengeng? 

4. Tah, sakalian we, ari ceuk kuring mah. dukung anu nasionalis, anu 
mikirna lain jang rahayat US wungkul. Tapi jang Indonesian sakabeh. 
geus, we kasundaan urang mah jadikeun identitas kultural tempat 
urang "balik" kana primordialitas. Ayeuna, parahu anu ancur teh lain 
parahu urang sunda anu dilindih batur. tapi parahu Urang Indonensia 
anu lain ngan wungkul disered, tapi deuk dibuburak. 
Kukituna, ayeuna, daripada meakkeun enerji jang nyoblos anu can 
tangtu meunang, maning keneh myoblos anu yakin pimenangeun--insya 
allah-- SBY. 

5. Kunaon SBY? a. ngabogaan reputasi nasional jeung internasional; b. 
ngabogaan komitmen jang ngamajukeun kahirupan pertanian jeung 
perdesaan; c. ngabogaan visi anu jelas jang naekkeun martabat Urang 
Indonesia (langkung paos tiasa diaos dina visi-misi anu diserahkeun 
ka KPU). aya anu urang KPU?.
 
6. Mun aya US anu salian ti Agum, meureun kuring mikir deui jang 
milih SBY. 

7. asana kuring kantos nyerat ngenaan jadi urang sunda jadi manusa; 
eta teh visi humanisme US dina ngigelan hirup urang. 

baktos, 

tantan

punten sanes kampanye, mung umajak milih SBY we ieu mah... he...he...




--- In [EMAIL PROTECTED], "Gunawan Yusuf" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Ieu mah leupas tina kamampuan atanapi sejarah kinerja nu tos 
dilampah (goreng atanapi alus) ku Kang Agum Gumelar, upami anjeuna 
kenging suara seueur di Tatar Sunda tangtuna bakal ngabuka panon 
politikus nu mana ayeuna rahayat tatar sunda dianggap teu aya 
sihungan. Mangga tingali ayeuna politikus keur rame-ramena parebut 
capres+cawapres ti golongan NU, Hasyim Muzadi, Solahudin, Gus Dur, 
padahal rahayat tatar sunda teu bisa dianggap saeutik keur calon 
pamilih, oge saleresna seueur rahayat tatar sunda nu potensial ngan 
can katingali, bubuhan urang mah nyekel elmu pare tea, seueur rahayat 
sunda nu potensial teh "nyumput buni di nu caang".




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke