Hatur nuhun pisan tanggapanna Kang, dina awal seratan abdi nyerat kieu
"leupas tina sae atanapi awon sajarah kinerja Agum Gumelar"  sareng deui
pasangan Agum+Hamzah teu lebet kana pilihan favorit, sacara itungan kasar
alit kamungkinan anjeuna tiasa kapilih sanajan sadaya urang sunda ngadukung
anjeuna kumargi eleh populer sareng calon nu sanesna. Mung dina nyalonkeun
Agum Gumelar janten capwapres ngarupikeun momen penting kanggo rahayat sunda
hususna kumargi para politisi nganggap urang sunda "euweuh sihungan" hal ieu
dibuktoskeun DPRD JABAR 70% non sunda,  saeutikna urang sunda nu makalangan
dina kancah nasional, padahal mah sunda teh etnis ka 2 panggedena. Ayeuna
politisi keur rame-ramena marebutkeun calon ti golongan NU, malihan dugi ka
3 urangna, padahal rahayat urang sunda teu bisa dianggap saeutik lamun cenah
politisi tiasa narik simpati urang sunda. Cindekna kieu :
1. Sim abdi mah dina pencalonan Agum Gumelar teh leuwih ngadukung SUNDA-na
(maksadna urang sunda sadaya) tibatan anjeuna.
2. Saupami Agum Gumelar kenging suara di tatar sunda, pastina bakal ngabuka
panon politisi yen "enya sunda teh aya keneh" sanawos di daerah sanes
kenging suara saeutik atanapi teu kapilih janten wapres
3. Pencalonan Agum Gumelar janten cawapres bakal ngahudangkeun urang sunda
nu sanesna, yen enya sunda teh saleresna "mampu untuk bersaing" komo upami
kenging suara mah
4. Targetna sanes Agum Gumelar janten wapres atanapi persiden, nanging
"calon urang sunda kenging suara di tatar sunda"
5. Upami calon urang sunda  kenging suara alit di tatar sunda, tangtuna
politisi bakal mikir kieu "rek naon milih urang sunda da ku rahayatna oge
teu didukung" mening neangan golongan atanapi seler sanes nu aya kakuatan
contona NU, Sultan HB, urang makasar nu ngadukung calon ti selerna.
Upami nyarios yen urang sunda teu aya prestasi (saeutik) dina kancah
nasional, eta teh heunteu oge kumargi aya oge tokoh sunda nu tos mintonkeun
kelasna, contona :
1. Ali Sadikin, wani ngalawan panguasa zolim nu gaduh kakuasan gede dina
jamanna nyaeta soeharto sareng prestasi anjeuna dina ngawangun jakarta teu
tiasa dianggap enteng, ti saprak anjeuna teu janten gupernur teu aya deui
gupernur dki nu jiga anjeuna,  ayeuna jalmi nu langkung populer wani
ngalawan soeharto nyateta Amin Rais, Sri Bintang, seueur nu hilap kumaha
sangsarana Ali Sadikin tur kulawargi dirogahala ku soeharto, nanging anjeuna
teu gaduh sikep dendam ka soeharto, hal ieu dibuktoskeun basa ibu tien pupus
anjeuna dongkap kalayad, sareng ti saprak soeharto teu janten persiden
anjeuna heunteu ngiring ngahujat komo dihareupeun media massa,
2. Kyai Tapa mampu nyieun panik walanda nyerbu benteng batavia, nu mana can
pernah walanda panik ti saprak ngajajah Indonesia, nanging nu populer mah
Sultan Agung.
3. Ti golongan ulama, NU nempokeun yen ulamana loba pangaruhna di tingkat
nasional ti baheula contona Hasyim As'ari, Wahid Hasyim, jrrd, padahal aya
deui ulama sunda nu langkung gede pangaruhna sanes bae tingkat nasional
nanging Internasional saha anjeuna ?, nyeata Syech Nawawi Al Bantani, ulama
nu sohor sadunia nu nepi ayeuna kitab karanganana didamel rujukan di Al
Azhar, Kairo, sareng nagara islam sanesna, anjeuna oge mangrupi guru kanggo
ulama-ulama gede di Indonesia sapertos Hasyim As'ari, Kh Khlolil, jrrd.
Di luhur dicanda conto tina 3 widang nyeata politik (Ali Sadikin), pahlawan
(Kyai Tapa), ulama (Syeh Nawawi), saleresna seueur tokoh sunda nu ageung
prestasina nu tos kalindih ku tokoh sanes sapertos Ibu Dewi Sartika ku
Kartini, keur urang sunda mah Kartini langkung populer tibatan Ibu Dewi
Sartika. Seueurna tokoh sunda nu teu populer di kalangan sunda nyalira,
kumargi urang sunda nyalira nu ngalihapkeun anjeuna hal ieu nu nyebabkeun
urang sunda kadeseh ku seler sanes.
Kasimpulanana sim abdi ngadukung pisan upami aya urang sunda nyalonkeun
janten persiden atanapi wapres keur ngahudangkeun urang sunda sanesna oge
ngabuka panon politisi sangkan urang sunda ulah dianggep enteng, tah jalan
kanggo kadinya tos kabuka nyaeta cawapres Agum Gumelar tea, sakali deui abdi
mah ngadukung kana Sunda-na (urang sunda sadaya) tibatan diri pribadi Agum,
janten ulah ditingali sae atanapi awonna pribadi anjeuna.

Hatur Nuhun
----- Original Message -----
From: "sindang_asih" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Saturday, May 15, 2004 5:22 PM
Subject: [UrangSunda] Re: KANG AGUM GUMELAR DEUI.....!


> Punten,
> sanes kuring teu ngarojong US mun makalangan dina arena pulitik
> nasional. tapi dasarna kuring teu ngadukung kang Agum teh nyaeta:
>
> 1. salila anjeuna janten Menhub, cing naon prestasina sacara
> nasional? Jalan - jalan teu katolih, beuki nacur malah. Sarana
> trasportasi anu aya dina kakawasaana teu aya peningkatan. nalika
> kareta api tos jadi "mesin pembunuh" no 4, cobi naon anu dilakukeun
> ku anjeuna. asana teu kirang ketak. kitu deui dina widang tehmologi
> telekomunikasi, kunaon manehna bet keukeuh naekkeun tarip telpon?
> rugi wae? ah maenya? cenah telkom untung trilyunan. kamana tah!
> teras, nalika pilihan tehnologi anu murah tos aya jang tehnologi
> telekomunikasi, Kang Agum kamana wae, naha bet keukeuh mun urang
> masang telepon teh anu pangaosna 500-12000 dollar? (punten upami
> lepat). ono purbo anjuena tos ngajelaskeun hasil panalungtikan
> ngenaan tehnologi ieu. malahan mun teu lepat, hasil manehna teh
> kaanggo di sababaraha negeri di APrika, sareng Eropa. Kunaon? ku
> mirahna. Ku naon kang Agum teu nganggo anjeuna? jadi we dipake batur.
> urang mah, cicing we....
>
> 2. Nalika kuring aktif di YPJB--tempatna US anu aya di Jakarta deuk
> merjoangkeun Miss Tjitjih, Kang Agum kamana? malihan kalah janten
> Pelindung Grup Srimulat, anu ti Jawa. untung harita aya keneh Mantan
> Gubernur Jakarta Surjadi anu sanggup ngabelaan Miss Tjitjih, padahal
> anjeuna teh Urang Sunda Banten. Untung aya Dr Hari hariri anu deputi
> Bappenas, jadi we agenda ieu tiasa karojong. Ayeuna malihan miss
> Tjitjih tos makalangan, alhamdulillah.
>
> 3. Nalika Gema Jabar ngumpulkeun dana jang ngabantuan Tulisa STS anu
> terus kontraversial tea, Kang Agum di mana? Malahan, nalika US menta
> komitmena, anjeuna malah sumanggeum: "Orang Sunda jangan Cengeng!".
> Leres kang, US mah da teu cengeng. Sahingga, teu meunang kakuasaan
> oge teu nanaon. tanahna loba dijejek, dijadikeun tempat hirup lain US
> oge, adem we... Naha nu kitu cengeng?
>
> 4. Tah, sakalian we, ari ceuk kuring mah. dukung anu nasionalis, anu
> mikirna lain jang rahayat US wungkul. Tapi jang Indonesian sakabeh.
> geus, we kasundaan urang mah jadikeun identitas kultural tempat
> urang "balik" kana primordialitas. Ayeuna, parahu anu ancur teh lain
> parahu urang sunda anu dilindih batur. tapi parahu Urang Indonensia
> anu lain ngan wungkul disered, tapi deuk dibuburak.
> Kukituna, ayeuna, daripada meakkeun enerji jang nyoblos anu can
> tangtu meunang, maning keneh myoblos anu yakin pimenangeun--insya
> allah-- SBY.
>
> 5. Kunaon SBY? a. ngabogaan reputasi nasional jeung internasional; b.
> ngabogaan komitmen jang ngamajukeun kahirupan pertanian jeung
> perdesaan; c. ngabogaan visi anu jelas jang naekkeun martabat Urang
> Indonesia (langkung paos tiasa diaos dina visi-misi anu diserahkeun
> ka KPU). aya anu urang KPU?.
>
> 6. Mun aya US anu salian ti Agum, meureun kuring mikir deui jang
> milih SBY.
>
> 7. asana kuring kantos nyerat ngenaan jadi urang sunda jadi manusa;
> eta teh visi humanisme US dina ngigelan hirup urang.
>
> baktos,
>
> tantan
>
> punten sanes kampanye, mung umajak milih SBY we ieu mah... he...he...
>
>
>
>
> --- In [EMAIL PROTECTED], "Gunawan Yusuf" <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> > Ieu mah leupas tina kamampuan atanapi sejarah kinerja nu tos
> dilampah (goreng atanapi alus) ku Kang Agum Gumelar, upami anjeuna
> kenging suara seueur di Tatar Sunda tangtuna bakal ngabuka panon
> politikus nu mana ayeuna rahayat tatar sunda dianggap teu aya
> sihungan. Mangga tingali ayeuna politikus keur rame-ramena parebut
> capres+cawapres ti golongan NU, Hasyim Muzadi, Solahudin, Gus Dur,
> padahal rahayat tatar sunda teu bisa dianggap saeutik keur calon
> pamilih, oge saleresna seueur rahayat tatar sunda nu potensial ngan
> can katingali, bubuhan urang mah nyekel elmu pare tea, seueur rahayat
> sunda nu potensial teh "nyumput buni di nu caang".
>
>
>
>
>
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke