Basa Saptu poean Kongres tea, sorena kuring geus kumpul jeung kulawarga besar pamajikan di Ciawi Bogor, nyaeta rek nganteurkeun adi nu lalaki kawin di Jakarta. Salah saurang kulawarga pamajikan teh aya nu kawin jeung pulisi nu dinesna di Jakarta. Dulur kuring teh ukur pulisi pangkat handap (bintara) nu dines di salahsahiji Polsek di Jakarta. Kulantaran geus lila teu papanggih atuh uplek ngobrol, manehna ngobrolkeun kumaha manehna jeung babaturanana kacida capena dina ngamankeun Jakarta ti mimiti kampanyeu tepi ka kamari soal pendukung ustadz Ba'asyir anu datang rombongan ti Solo nu akhirna bentrok jeung pulisi di Jakarta. Manehna mere conto pasukan pulisi anu bentrok jeung pendukung Ba'asir teh geus siaga piduapoeeun kajadian, sare teu puguh (kurang sare), apel siaga tilu kali sapoe. Atuh basa nyanghareupan para pendemo teh, komo aya nu maledog ku batu sagala mah, jadi ngamuk da cenah, pulisi ge jelema boga kaambek, ari kitu-kitu teuing mah ...............
Kuring ukur unggut-unggutan, ngadenge dongeng dulur kuring teh, teu bisa ngaheueuhkeun tapi oge teu bisa nyalahkeun. Ukur rumahuh, iraha atuh demo-demo diurang tanpa kaributan jeung teu ngamacetkeun jalan? -BahWilly- ----- Original Message ----- From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Wednesday, May 05, 2004 12:14 PM Subject: [UrangSunda] POLISI.....!!! > > > beu...aya pulisi nyerbu kampus! polisi makassar nyerbu UMI, universitas muslim indonesia. tv pinuh ku gambar beungeut msiswa nu garetihan...teungteuingeun euy... > > kumaha engke mun presidenna (urut) militer? > > siga itb jaman bah willy, diserbu tangtara. duka tah naha sarua teu alesanana? > > jadi inget, kapolda ayeuna di pulo jawa. > dki, makbul padmanagara > jabar, dadang garnida > jateng, didi widayadi > > noong tina ngarana mah, US tah. sing aman tengtrem atuh pulo jawa mah. peupeuriheun lembur makassar keur hareeng. > > jatim...teuing > banten....aya polda kitu di dinya? lain cukup ku para pendekar banten bae? hehe > > > Mj > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Buy Ink Cartridges or Refill Kits for your HP, Epson, Canon or Lexmark Printer at MyInks.com. Free s/h on orders $50 or more to the US & Canada. http://www.c1tracking.com/l.asp?cid=5511 http://us.click.yahoo.com/mOAaAA/3exGAA/qnsNAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

