Leres !!, dina kitu namah,  pulisi (anu sok tugas adu hareupan sareng pendemo !!) oge, tunggal masih sasama bangsa kaula, boa-boa masih keneh tunggal baraya/dulur urang !!. Janten ulah disahurun suluhkeun !!,
karunya ari para pulisi patugas mah.
Upami bade disorot mah eta anu dilaluhur, anu nyarepeng iteuk (tongkat) komando, pangintennya !!!.
 
Wassalam,
SSW
 

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Basa Saptu poean Kongres tea, sorena kuring geus kumpul jeung kulawarga
besar pamajikan di Ciawi Bogor, nyaeta rek nganteurkeun adi nu lalaki kawin
di Jakarta. Salah saurang kulawarga pamajikan teh aya nu kawin jeung pulisi
nu dinesna di Jakarta. Dulur kuring teh ukur pulisi pangkat handap (bintara)
nu dines di salahsahiji Polsek di Jakarta. Kulantaran geus lila teu
papanggih atuh uplek ngobrol, manehna ngobrolkeun kumaha manehna jeung
babaturanana kacida capena dina ngamankeun Jakarta ti mimiti kampanyeu tepi
ka kamari soal pendukung ustadz Ba'asyir anu datang rombongan ti Solo nu
akhirna bentrok jeung pulisi di Jakarta. Manehna mere conto pasukan pulisi
anu bentrok jeung pendukung Ba'asir teh geus siaga piduapoeeun kajadian,
sare teu puguh (kurang sare), apel siaga tilu kali sapoe. Atuh basa
nyanghareupan para pendemo teh, komo aya nu maledog ku batu sagala mah, jadi
ngamuk da cenah, pulisi ge jelema boga kaambek, ari kitu-kitu teuing mah
...............

Kuring ukur unggut-unggutan, ngadenge dongeng dulur kuring teh, teu bisa
ngaheueuhkeun tapi oge teu bisa nyalahkeun. Ukur rumahuh, iraha atuh
demo-demo  diurang tanpa kaributan jeung teu ngamacetkeun jalan?

-BahWilly-




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke