sapuk lah Bah Uhun, Bah Anom...
keukeuh sayah mah teu yakin HH-AG bisa lolos kualifikasi babak I...
padahal palaur oge WRT-SH bisa lolos ngelehkeun AR-SYH, nya ayeuna mah rek konsentrasi we spy AR-SYH teu kalaut eleh ku militer orba...
keun sugan 5 tun kahareup US bisa hudang jeung aya calon RI-1 na...
dimana nyalonkeun jadi RI-2 ge, RI-1 na kudu rada kaharti...
 
 
 
^_^
 
 
----- Original Message -----
Subject: Re: [UrangSunda] Tim Kampanye Capres-Cawapres

Haha aya mahkamah mamah sagala !
Strategi kitu mah atuh sarua jeung nungguan hujan ti langit, mending mun
usum mijih, kumaha mun halodo panjang ? haha . Kunaon jargon kasukuan ceuk
uing kirang ok ? margi HH ge sigana ngerong ka dinya, mun ngagaet AG pasti
US loba nu pro tur ngadukung ! Mun keukeuh jargon kasukuan diparake wae ku
US, naha teu asa dimanfaatkeun kitu ?
Uing mah tetep mang ! teu nanaon pamilu ayeuna presiden teu ti US ge, da
bongan euweuh nu ajol ajolan hayang, aya oge nu nungguan dilamar batur.
Sugan pamilu hareup mah ti US aya nu niat sorangan hayang jadi R-1 tur menta
dukungan ti sakabeh US, tah eta mah wajib tur kudu 100% didukung ku urang.
Boa boa simamang nyalon yeuh ! sor ah !
----- Original Message -----
From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Wednesday, May 19, 2004 1:47 PM
Subject: Re: [UrangSunda] Tim Kampanye Capres-Cawapres


> Nya, lain Urang Indonesia bae nu mikirna pondok, da US oge sarua. haha.
>
> mikir strategis atuh. keun we heula AG di posisi capres. pan mun HH turun
alatan teu ngalaksanakeun gawena salaku presiden, sabab garwana nu tilu-opat
parasea harayang jadi first ladi RI, pan diturunkeun tah ku Mahkamah Mamah.
presiden turun, wapres naek jadi RI 1.
>
> soal jargon kasukuan kirang ok teh ceuk saha? naon alesanana? naon bedana
jeung agama? naha mun milih PPP atau PKB bisa asup surga? kasukuan teh
diparake modal oge jang sagala rupa, kaasup jang ngumpulkeun sora. naha sora
partey golkar rea di makassar-sulawesi? sabab faktor Kalla, fadel muhammad.
dicawapreskeun ku SBY, alasan kitu oge.
>
> baca postingan Bah Willy. sagala rupa bisa dijadikeun modal, kaasup
suku...
>
> nya mun sikep generasi ngora US kararitu mah, wayahna we US teh ngan ukur
tukang  lalajo batur we ayeuna mah maranggung di jakarta. da urang mah teu
boga kawani, teu percaya ka sasama us. seler US mah ngan ukur figuran jeung
tukang kabegean ripuhna. seler rapuh, gampangan ngan ukur jadi titincakan
batur.....hag siah!






Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke