Bade nyerat mah der-der we atuh Kang Gun, tong "kumeok memeh dipacok" ceuk MJ ge lin. Sugan we atuh Kang Gun teh engke mah jadi panerusna para jawara, saperti nu Pa Ayip, Bu Nina, Pa Ayatrohaedi, jrrd. Pan aranjeuna ge sarua sareng Kang Gun pangambungan nya. Jeung deui pan aranjeuna teh moal "megar", kedah aya nu neruskeun gawena teh nya.
 
Hasan

Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu mah kanggo nu panuju ka Agum Gumelar wungkul, sanajan sadaya anggota ieu
milist panuju sareng Agum Gumelar, asana mah hasilna kirang maksimal kumargi
anggota milist ieu mung sakedik dibanding rahayat tatar sunda, keur
ngadorong rahayat tatar sunda nu sanes supados mangpaatkeun momentum nu ngan
5 taun sakali ieu, kumaha urang ngadamel artikel di Pikiran Rakyat, tos
sababaraha dinten ieu abdi ngemutan bade nyerat artikel di Pikiran Rakyat
ngenaan "Cawapres Agum Gumelar mangrupikeun momentum penting keur rahayat
sunda" mung abdi teu terang cara, alamatna, sareng deui upami dititenan mah
nu nyerat di dinya jalmi sohor sadaya sapertos Pa Ayip, Bu Nina, Pa
Ayatrohaedi, jrrd, aya oge perasaan minder, tah kumaha wargi Kusnet nu sanes
aya nu tiasa teu nyerat dina artikel Pikiran Rakyat teu, Kang Yaya, Bapak
Siddik, Mj, Ua Sas, Kang Oman ?


Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke