Waluya writes:
> Kang Kandar, kuring kantos maca di Tempo kapungkur, cenah ceuk lembaga
> Eijkman, gen urang Sunda teh leuwih mirip jeung urang Sumatera tinimbang
> jeung urang Jawa. Naha leres kitu?
Pami teu lepat mah, hasil ieu teh pakait sareng panalungtikan ngeunaan
talasemia. Salah sahiji anu dipidamel, nyaeta ngabandingkeun haplotipe
('pola polimorfisme/perbedaan' urutan basa DNA dina bagean-bagean nu
dijadikeun 'marka/penanda') DNA mitokondria conto sababaraha populasi,
diantawisna urang Sunda, Jawa, jeung Palembang. Singhoreng, hasilna
nunjukkeun yen haplotipe urang Sunda mah leuwih deukeut ka urang Palembang.
Tah upama ieu hasil teh memang nunjukkeun kaayaan nu sabenerna, kamungkinan
kaayaan geografis nu misahkeun Tatar Sunda jeung Tatar Jawa teh leuwih hese
ditembus (sanajan masih sapulo) batan Palembang (sanajan meuntas). Atawa,
meureun tali duduluranana leuwih deukeut (beda karuhun jeung urang Jawa).
isk
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/