Anu kapikir ku kuring, seuseueurna paribasa teh sok
dipakaitkeun kana ungkapan-ungkapan anu anonim, anu
buhun, kadang-kadang anu rada hese dihartikeun. Naha
leres kitu ari paribasa teh kudu anonim? Kudu buhun?
Kudu hese dihartikeun?
Ari anonim teh cenah mah salah sahiji ciri karya
sastra jaman baheula, jaman gatotgaca bubujangan,
jaman sastra lisan. Nya buhun tea atuh. Naha ari
paribasa teh ngan dihasilkeun ku para karuhun baheula
kitu? Ari kiwari naha aya paribasa anu dihasilkeun ku
para inohong Sunda? Lamun tea mah teu aya deui
paribasa anu dihasilkeun kiwari, naha ieu teh ciri
kamajuan atawa sabalikna? Wallahualam.
MH.
--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ceuk cenah aya buku anu judulna "Hermeneutika
> Sunda, Simbol-simbol Babad
> Pakuan/Guru Gantangan" kenging Pa Jacob Sumardjo
> (hanjakal kuring can maca
> buku eta, neangan mah neangan ngan can manggih),
> rada panasaran pedah eta
> aya kecap hermeneutika, duka tah anu ngabedahna teh
> kumaha.
> Hermeneutika, ceuk beja deui bae eta teh asal
> kecap tina basa Yunani nu
> hartina ngama'naan/nafsirkeun hiji kecap/pesan/teks.
> Mimitina mah harti kecap hermeneutik teh teu
> kurang teu leuwih ti
> "pernyataan" (statement), kadieunakeun boga harti
> ngama'naan teologi
> (pangpangna mah bibel, lain bimbingan belajar) terus
> di mimitian ku juragan
> bule Jerman Friedrich Schleiermacher (bedul
> teh...nulisna ge hese) jadi
> dipake dina harti keur ngama'naan hal hal umum.
> Tah anu dipake ku Pa Jacob teh tangtuna oge dina
> harti umum.
> Teu aneh lamun Pa Jacob make istilah hermeneutika
> dina ngabedah Pantun
> Sunda teh keur inyana tangtu ngolotok pisan kana
> hermeneutika teh lantaran
> mimitina hermeneutika dipake ku para teolog kresten,
> dina ngamanaan Injil
> (lamun ningali ngaranna mah tangtu Pa Jacobus teh
> lain muslim)
> Kabehdieunakeun aya anggapan hermeneutika teh
> bebas nilai, bebas nilai
> dina harti bisa dipake dina widang sejen, lain ngan
> ukur pikeun ngabedah
> injil wungkul, kaasup nu keur dipadungdengkeun ku
> para cendekiawan muslim
> ayeuna, naha perlu aya Hermeneutika Qur'an.
>
> Lamun tea mah aya hermeneutika paribasa Sunda,
> meureun bisa ngabedah naon
> anu jadi kasang tukang pangna aya paribasa siga
> kitu.
> Paribasa teh ceuk kuring mah hiji hasil karya para
> genius lokal anu tangtu
> bijilna sanggeus neuleuman pola pola kahirupan
> sabudeureunana, hartina
> paribasa bisa jadi, jadi salah sahiji papagon
> kahirupan keur bangsa Sunda,
> geura aya paribasa anu unina "Cikaracak ninggang
> batu laun laun jadi legok"
> sakuduna ungal unggal bangsa Sunda geus nyaho
> pihartieunana, ceuk salah
> sahiji buku anu kungsi dibaca hartina teh "najan
> bodo asal leukeun diajarna
> lila lila oge tangtu bisa", didieu bisa bae ngandung
> harti kudu sabar, kudu
> leukeun, kudu getol, kudu daekan ulah bosenan
>
> Nu disebut cikaracak, nyaeta cai anu nyakclakan
> atawa ngerecek leutik tina
> hiji sumber cai biasana mah dina alam pagunungan
> sisi lamping, ana kitu
> kaayaan alam waktu dijieuna eta paribasa teh cocog
> pisan jeung kayaan alam
> Tatar Sunda, da mustahil dijieun ku bangsa nu teu
> kungsi ningali cai
> nyakclakan, sedengkeun ari cai nyakclakan poisisna
> sumber cai kudu aya di
> luhur.
> Kaduana kudu aya batu, batu kapan sakitu
> taringgulna keur Tatar Sunda mah.
> Kira kira anu jadi kasang tukang waktu dijieuna
> eta paribasa teh naon.
> Lamun nitenan basana nyaeta basa Sunda modern,
> lain basa Sunda buhun, atuh
> meureun dijieuna teh geus kabehdieunakeun. Naha bet
> kudu aya paribasa
> kitu..? naha waktu harita jalma bangsa sunda teh
> bodo, teu leukeun,
> bosenan..?
> Kira kirana saha anu nyieun eta paribasa teh, dina
> waktu kumaha kaayaan
> emosina, umurna, kanyahona, jste.
> naon pangna inyana nepi ka nulis/nyieun eta
> paribasa naha aya kahariwang
> ningali kayaan bangsa Sunda harita, nu getas
> harupateun, sahaok kadua
> gaplok..?
> Kumaha posisi eta paribasa dilarapkeun dina waktu
> kiwari, anu serba
> instan, naha masih keneh nyambung, atawa henteu..!!
> .....Heup ah.....sakieu we heula...bisi beuki loba
> salahna.
>
> MSasmita
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/