Ceuk cenah aya buku anu judulna "Hermeneutika Sunda, Simbol-simbol Babad Pakuan/Guru Gantangan" kenging Pa Jacob Sumardjo (hanjakal kuring can maca buku eta, neangan mah neangan ngan can manggih), rada panasaran pedah eta aya kecap hermeneutika, duka tah anu ngabedahna teh kumaha.
Hermeneutika, ceuk beja deui bae eta teh asal kecap tina basa Yunani nu hartina ngama'naan/nafsirkeun hiji kecap/pesan/teks.
Mimitina mah harti kecap hermeneutik teh teu kurang teu leuwih ti "pernyataan" (statement), kadieunakeun boga harti ngama'naan teologi (pangpangna mah bibel, lain bimbingan belajar) terus di mimitian ku juragan bule Jerman Friedrich Schleiermacher (bedul teh...nulisna ge hese) jadi dipake dina harti keur ngama'naan hal hal umum.
Tah anu dipake ku Pa Jacob teh tangtuna oge dina harti umum.
Teu aneh lamun Pa Jacob make istilah hermeneutika dina ngabedah Pantun Sunda teh keur inyana tangtu ngolotok pisan kana hermeneutika teh lantaran mimitina hermeneutika dipake ku para teolog kresten, dina ngamanaan Injil (lamun ningali ngaranna mah tangtu Pa Jacobus teh lain muslim)
Kabehdieunakeun aya anggapan hermeneutika teh bebas nilai, bebas nilai dina harti bisa dipake dina widang sejen, lain ngan ukur pikeun ngabedah injil wungkul, kaasup nu keur dipadungdengkeun ku para cendekiawan muslim ayeuna, naha perlu aya Hermeneutika Qur'an.
 
Lamun tea mah aya hermeneutika paribasa Sunda, meureun bisa ngabedah naon anu jadi kasang tukang pangna aya paribasa siga kitu.
Paribasa teh ceuk kuring mah hiji hasil karya para genius lokal anu tangtu bijilna sanggeus neuleuman pola pola kahirupan sabudeureunana, hartina paribasa bisa jadi, jadi salah sahiji papagon kahirupan keur bangsa Sunda, geura aya paribasa anu unina "Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok" sakuduna ungal unggal bangsa Sunda geus nyaho pihartieunana, ceuk salah sahiji buku anu kungsi dibaca hartina teh "najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa", didieu bisa bae ngandung harti kudu sabar, kudu leukeun, kudu getol, kudu daekan ulah bosenan
 
Nu disebut cikaracak, nyaeta cai anu nyakclakan atawa ngerecek leutik tina hiji sumber cai biasana mah dina alam pagunungan sisi lamping, ana kitu kaayaan alam waktu dijieuna eta paribasa teh cocog pisan jeung kayaan alam Tatar Sunda, da mustahil dijieun ku bangsa nu teu kungsi ningali cai nyakclakan, sedengkeun ari cai nyakclakan poisisna sumber cai kudu aya di luhur.
Kaduana kudu aya batu, batu kapan sakitu taringgulna keur Tatar Sunda mah.
Kira kira anu jadi kasang tukang waktu dijieuna eta paribasa teh naon.
Lamun nitenan basana nyaeta basa Sunda modern, lain basa Sunda buhun, atuh meureun dijieuna teh geus kabehdieunakeun. Naha bet kudu aya paribasa kitu..? naha waktu harita jalma bangsa sunda teh bodo, teu leukeun, bosenan..?
Kira kirana saha anu nyieun eta paribasa teh, dina waktu kumaha kaayaan emosina, umurna, kanyahona, jste.
naon pangna inyana nepi ka nulis/nyieun eta paribasa naha aya kahariwang ningali kayaan bangsa Sunda harita, nu getas harupateun, sahaok kadua gaplok..?
Kumaha posisi eta paribasa dilarapkeun dina waktu kiwari, anu serba instan, naha masih keneh nyambung, atawa henteu..!!
.....Heup ah.....sakieu we heula...bisi beuki loba salahna.
 
MSasmita
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke