Iraha kitu Kang Hasan ka Hat Yai ?
 
Para wargi,
Puguh oge abdi mah emut ka luluhur urang-urang baduy tea- ari emut ka HatYai- teh...,kapungkur waktos sakola SD di Cimalaka ..pa guru
Nana (insya allah anjeuna masih sehat wa afiat), sok ngadongengkeun kajujuran urang Baduy...(Anjeuna pernah lami ngawulang di daerah Banten saurna teh).
 
Taun kamari, kaleresan kuring aya perelu ka Songklha. Dasar kuring mah resep jalan-jalan, nya sanajan di lembur deungeun oge kuring ngawanikeun jalan sorangan, ngahaja naek kandaraan umum.
Nepi ka HatYai teh isuk-keneh. Sanggeus tatanya, nya kuring naek mobil umum (L-300, jiga mobil penumpang umum Bogor-Cianjur-lah). Kabeneran kuring kabagian diuk teh dipangtukangna.
 
Teu kungsi lila, ku penumpang nu disagigireun, kuring disodoran wadah (leuwih gede saeutik ti mangkok baso-tapi dijieuna tina hoe), eusina aya sabaraha duit receh. Rupana eta wadah teh keur wadah ongkos. Jadi penumpangna sorangan nu neundeun duitna dina eta wadah. Sanggeus nanya sabaraha ongkos ka Songklha (8 baht), kuring neundeun duit 50 baht, da kabeneran teu aya duit pas. Terus eta wadah teh ku kuring di sodorkeun ka panumpang nu sejen.
 
Nyahoeun yen duit kuring leuwih, panumpang nu disagigireun kuring ngomong ka panumpang nu narima eta wadah ti kuring. (Meureun, ngabejaan yen duit kuring acan dipulangan). Tuluy eta duit wadah teh diiderkeun deui ka hareup. Teu kungsi lila, sanggeus aya duit keur pamulanganana - kuring oge narima duit pamulangan, disodorkeun ku panumpang nu di sahareupeun. Ari supirna-mah katingal na anteng bae nyupir..teu pusing-pusing mikiran duit nu dikumpulkeun. Jigana eta supir teh haqqul yakin yen manehna bakal narima duit sautuhna. 
 
Pugeh ge bingung kuring, mah... naha aya keneh masyarakat saperti kitu di nagara batur mah nya? Asa inget ka urang baduy ceuk abdi oge
 
ESAM 
 
 
 

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leuh haturan Kang Enjang geuning nuju di Siam nya.
Emut kapungkur tah nuju munggaran jalan-jalan ka
Hatyay, mani asa jadi buta-tuli pisan. Atuh teu kitu
kumaha, lain ngan bahasana teu ngarti, eta sajajalan
teh tulisanana oge jiga tulisan ceker hayam pisan.

Ninggali Siam kumaha ngajaga tradisi sareng budayana
kuring rada kataji. Jigana bisa jadi pieunteungeun
keur US mah nya. Eta we katinggali, nepi kakiwari
tulisan Siam teh estu dimumule pisan. Ti mimiti
panuduh jalan, meddia masa, sarta nepi ka tulisan
komputer oge di-Siam-keun ku manehna mah. Kitu deui
bahasana, masih keneh dipake nepi ka kiwari.

Rada asa waras deui teh nalika nepi ka Hatyay. Kakara
tiasa panggih sareng tulisan anu biasa dipake diurang.


Hasan

--- Enjang Samaria <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
> Rada tebih abdi ngumbara teh kang Iyan.
> Katelahna teh nagara Siam kapungkur mah.
> Eta geuning nu kasohor pisan ku hayam na.. apan aya
> hayam bangkok, Jambu na Jambu bangkok... komo
> durianna mah durian monthong tea... durian
> bangkok...
> Puguh oge nuju usum durian ayeuna teh....





__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Domains � Claim yours for only $14.70/year
http://smallbusiness.promotions.yahoo.com/offer


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/



Find local movie times and trailers on Yahoo! Movies.


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke