--- Enjang Samaria <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Iraha kitu Kang Hasan ka Hat Yai ? 
Basa tahun 2000 asana mah. Kungsi ulin ka Hatyai teh,
puguh nagadon naek Tuk-Tuk. Nya kitu sok kabita ari
ulin ka lembur batur teh. Eta we da salila
kukurilingan di Hatyai sugan panggih jeung pulisi,
komo tangtara mah, berekah teu hiji-hiji acan. Meureun
ieu nu diimpikeun ku kolot urang baheula, nagri aman,
tata tengtrem kerta raharja teh nya.

Naha ari di lembur sorangan. Tong boro di terminal,
dalah di Bandara wae masih keneh, diintil-intil
kucalo. Atuh kumaha rek betaheunana turis teh nya,
lamun nagreg teh kieu wae mah.

> Para wargi,
> Puguh oge abdi mah emut ka luluhur urang-urang baduy
> tea- ari emut ka HatYai- teh...,kapungkur waktos
> sakola SD di Cimalaka ..pa guru
> Nana (insya allah anjeuna masih sehat wa afiat), sok
> ngadongengkeun kajujuran urang Baduy...(Anjeuna
> pernah lami ngawulang di daerah Banten saurna teh). 
>  
> Taun kamari, kaleresan kuring aya perelu ka
> Songklha. Dasar kuring mah resep jalan-jalan, nya
> sanajan di lembur deungeun oge kuring ngawanikeun
> jalan sorangan, ngahaja naek kandaraan umum.
> Nepi ka HatYai teh isuk-keneh. Sanggeus tatanya, nya
> kuring naek mobil umum (L-300, jiga mobil penumpang
> umum Bogor-Cianjur-lah). Kabeneran kuring kabagian
> diuk teh dipangtukangna. 
>  
> Teu kungsi lila, ku penumpang nu disagigireun,
> kuring disodoran wadah (leuwih gede saeutik ti
> mangkok baso-tapi dijieuna tina hoe), eusina aya
> sabaraha duit receh. Rupana eta wadah teh keur wadah
> ongkos. Jadi penumpangna sorangan nu neundeun duitna
> dina eta wadah. Sanggeus nanya sabaraha ongkos ka
> Songklha (8 baht), kuring neundeun duit 50 baht, da
> kabeneran teu aya duit pas. Terus eta wadah teh ku
> kuring di sodorkeun ka panumpang nu sejen. 
>  
> Nyahoeun yen duit kuring leuwih, panumpang nu
> disagigireun kuring ngomong ka panumpang nu narima
> eta wadah ti kuring. (Meureun, ngabejaan yen duit
> kuring acan dipulangan). Tuluy eta duit wadah teh
> diiderkeun deui ka hareup. Teu kungsi lila, sanggeus
> aya duit keur pamulanganana - kuring oge narima duit
> pamulangan, disodorkeun ku panumpang nu di
> sahareupeun. Ari supirna-mah katingal na anteng bae
> nyupir..teu pusing-pusing mikiran duit nu
> dikumpulkeun. Jigana eta supir teh haqqul yakin yen
> manehna bakal narima duit sautuhna. 
>  
> Pugeh ge bingung kuring, mah... naha aya keneh
> masyarakat saperti kitu di nagara batur mah nya? Asa
> inget ka urang baduy ceuk abdi oge
>  
> ESAM 



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Domains � Claim yours for only $14.70/year
http://smallbusiness.promotions.yahoo.com/offer 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke