Euleuh geuning..,
Sami atuh ari ti SMA Cimalaka mah. Nanging abdi mah langkung tipayun panginten. Margi kapungkur mah masih keneh SMPP namina oge. Ari Kang Boim, taun sabaraha kitu di SMA teh?
ESAM,
kang_boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan kang Enjang..., mangga lebet sok tong isin-isin anggo bae
tarumpah mah ngan raksukan ulah dibuka bilih aya nu noong...heheh.
eueleuh geuning lampar nuju di nagara siam sagala...ke...ke...dupi
kapungkur sakola SMA dimana...nya...? sim abdi teh asa-asa bilih
salira teh saalmamater sareng sim abdi margi aya nami Enjang oge anu
saangkatan sareng sim abdi mung benten kelas . pribados mah sakola
SMA teh ti SMA 2 Sumedang anu di Cimalaka tea (ayeuna mah janten SMA
1 Cimalaka pami teu lepat mah). Punten tos kumawantun sareng bilih
abdi nyalahan.
Cag...ah, hatur nuhun.
BM'69
--- In [EMAIL PROTECTED], Enjang Samaria <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Rada tebih abdi ngumbara teh kang Iyan.
> Katelahna teh nagara Siam kapungkur mah.
> Eta geuning nu kasohor pisan ku hayam na.. apan aya hayam bangkok,
Jambu na Jambu bangkok... komo durianna mah durian monthong tea...
durian bangkok...
> Puguh oge nuju usum durian ayeuna teh....
>
>
>
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Find local movie times and trailers on Yahoo! Movies.
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Find local movie times and trailers on Yahoo! Movies.
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

