haha...asa dibohongan.. cenah

kieu teh. kamari-kamari, teu acan aya beja yen aya US nu bade makalangan. kumargi 
kitu, nya masihan alternatif pilhan capres teh AR sareng SYH. alatana duanana sipil 
jeung intelektual oge bisnisman.  soal teu milih ti tangtara, sabab si kuring kaasup 
nu teu yakin tangtara bisa demokrasi. da teu diajarkeun kitu boh disakolana di 
magelang boh dina kadinesan, sadayana maen komando. 

contona 32 taun. kapok atawa pundung ah. alatan nasionalisme cap militer, budaya2 
daerah teh rada kasisihkeun. budaya nasional ayeuna mah dangdut cap inul tea.  oge mun 
ningali batur, asa teu aya nagara nu maju dipresidenan ku tangtara. leupas ti 
repotnasi di kalangan militer. da nagara hayang baleg mah, panglima tni teh kuduna 
handapeun menhankam.

si kuring pro Agum pedah hiji we, manehan US. soal hade goreng mah, ah, da jelema. mun 
enya AG goreng patut, meureun habibie, gus dur, mega moal make deui manehna. komo 
bagean perhubungan, nu kaciri pisan mun aya nu teu baleg teh, kapal murag, kareta 
tabrakan atawa tiguling. beda jeung menteri agama, nu jadi calo onh atawa mendiknas 
atawa menhut. leuweung seep, pendidikan nasional moyodox, teu nyalahkeun menterina. 
hehehe....

sadaya capres cawapres oge ngagunakan sagala faktor, kalebet soal seler. Kalla diajak 
ku sby, sabab indotimna. hasan muzadi diajak mega, sabab NU-na. wiranto di ok ku AA 
Baramuli (tokoh golkar senior), sabab istri wiranto urang sulawesi. sagala rupi 
dijadikeun modal. gus solah diajak wiranto, nya faktor NU-na deui. NU teh apan 
dimana-mana, sorana ageung pisan.

intelektual si kuring teu teurak ngabahas perkawis capres cawapres, sabab sadayana oge 
ngan ukur beja. jadi si kuring mah bade ngagunakeun hate bae. rek milih paket HH +AG, 
sabab aya AG. urang sunda hiji-hijina nu makalangan dina eta capres cawapres. kitu oge 
pedah aya nu ngajak. 

atuh HH+AG eleh, nya wilujeng kanu kapilih. da (mun ngangge jurus pamrih, atawa ada 
udang di balik batu mah) saha oge presidena, si kuring mah angger we ngan ukur tukang 
ngawadul di kelas jeung di novel. nya di kusnet jeung yp minangka uget dina raraga 
milu melang ka sasama. 

At 04:21 PM 5/24/04 +0700, you wrote:
>Saliwatan mah heueuh kang, tapi geuningan MJ teh ngelok deui tetep we kang
>Agum, ih broken heart euy ku MJ, asa dibohongan sueeeerrrrr !!!!!! sanes teu
>nyaah ani teh ka MJ teu ngiring ngadukung kang Agum nanging kumaha tuda
>hik...hik...hiks !!!
>
>Eh,,,,kang Badrudin ujug-ujug prung we ngobrol yeuh nepangkeun sikuring ti
>Ciakrang, akang linggih dimana leres baraya enggal salira teh nya ????
>
>Nuhun,
>neng an...
>*sagalak-galakna maung moal ngagudawang hatena ku MJ !
>
>
>-----Original Message-----
>From: Badrudin [mailto:[EMAIL PROTECTED]
>Sent: Monday, May 24, 2004 3:49 PM
>To: [EMAIL PROTECTED]
>Subject: Re: [UrangSunda] pilih presiden sipil: Amien Rais + Siswono
>
>
>apapun partainya, presidennya Amien Rais.... kitu sanes sloganna MJ, teh
>Ani....?
>punten ah ieu ge sanes kampanye.... hehehe.....
>
>
>
>
>Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
> 
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
> 

Mj

http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke