|
Persiden sipil, da ceuk kuring mah kabeh oge sipil (kaasup SBY, Wiranto, jeung AGum).
nu disebut militer mah, nyaeta TNI atawa Polri anu aktif, saperti Jenderal TNI ENdriatmo Soetarto.
Ari anu disebut MAsyarakat Sipil (civil society), komponenna kaasup militer, salian ti non militer. Kunaon militer kudu asup, sangkan masyarakatna kuat. nu penting masing-masing ngabogaan tugas sewang-sewangan: (Mun teu salah) TNI jang PERTAHANAN, Polri jang KEAMANAN.
Mun urang ngabedakeun antara militer jeung non-militer sacara diametral kitu, berarti teu adil ninggali sistim.
Militeristik---> militerisme teh lain malulu sok dilakukeun ku militer, tapi ku nu lain militer oge loba. conto, Satgas NU anu jumlahna ratusan rebu tea, pan harita kungsi nyingsieunan ABRI, pedah persidena Gusdur. Atawa SAtgas PDI, pan sangarna teu eleh batan militer asli (tangtara/kulisi).
Atuh eta TNI/Polri mah pan diwenangkeun nyekel tur ngagunakeun senpi, heu-euh da tugasna kitu.
Malikan deui kana persiden sipil, ceuk kuring mah urang lembur Babakan KUSNET mah pasti barenta sahingga ngabedakeun sipil-militer pasti tos papada ahli. Janten, nalika kampanye pilih persiden sipil, saha wae kasebut.
Anu ngadukung AR-SYH, mangga, Anu ngadukung HH-AG, sok, da kuring mah ngadukung SBY-MJK.
he..he...
tantan
-------Original Message-------
Date: 05/24/04 17:20:02
Subject: RE: [UrangSunda] pilih presiden sipil: Amien Rais + Siswono
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
|