|
Salian anu tos disebatkeun tipayun tempat sanesna anu
baris kakeueum nyaeta, makam gunung penuh di bantar awi, atuh cibuntu di
wewengkon cisurat, makam mbah geulis di cisurat girang,jsb. Aya saena ngadokumentasikeun tempat nu baris kakeueum, kanggo ngajagi
bisi jeung bisi bendungan teh kajantenan pisan, atuh upami tos aya dokementasina
mah anak incu urang jaga teu tinggaleun obor teuing, tiasa ningal kumaha
titinggal karuhun smd teh najan ngan ukur dina poto oge.
Sabar kang ! nyaeta pami dipikiran mah enya asa
teungteuingeun, naha bet diganggayong, kapungkur sok ningal ditengah sawah
ranteng kabel, anu ngulur listrik kiloan meter jauhna, ngabelaan hayang caang
kulistrik, sami sareng daerah sanesna.
Pamendak abdi mah eta proyek teh saena dijantenkeun wae,
sanaos dina koran seueur nu nyaurkeun dampakna, da pamohalan sanaos dugi ka teu
janten ge dana nu tos ditampi ku masarakat tiasa diuihkeun deui, kacuali
pamarentah hibah ka masarakat, enya hibah ku dana kenging minjem ( hehe
).
Urang sami sami sumedangan we eh bandungan we kang, tapi
kedah puguh nya, mun endek endek mun moal moal, sanes kit kang Jalak
!
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- Re:_[UrangSunda]_waduk_jatiged� kang_boim
- Re: Re:_[UrangSunda]_waduk_jatiged� Hasan Supriadi
- Re: Re:_[UrangSunda]_waduk_jatiged� Budhi Setiawan
- Re: Re:_[UrangSunda]_waduk_jatiged� Hasan Supriadi
- Re: Re:_[UrangSunda]_waduk_jatiged� Budhi Setiawan
- [UrangSunda] UrangSunda]_waduk_jatiged� Jalak Harupat
- Re: [UrangSunda] UrangSunda]_waduk_jatiged� Budhi Setiawan
- Re:_[UrangSunda]_waduk_jatiged� Jalak Harupat
- Re:_[UrangSunda]_waduk_jatiged� Jalak Harupat
- Re: Re:_[UrangSunda]_waduk_jatiged� dudi
- syam ridwan

