Kanggo abdi mah kang..
Jatigede..upami jadi jadikeun sakalian...upami moal moal sakalian...
Kasalahan pamarentah (bari ngagedur dina hate) nyaeta
Ngaganggayong daerah genangan ku lamina proyek dugikeun daerah abdi terisolir......kamakmuran pembangunan O besar...pendidikan oge..pengembangan desa nol. tambuh laku bade ngabangun..bilih jadi teu ngabangun da abdi ge salaku manusa anu hayang maju. Abdi dugikeun ka ceurik dina hate, Kapungkur desa abdi makmur dugikeun ka dijadikeun contoh desa Pertanian terbaik malih masih keneh emut aya Kunjungan ti Prop Jambi.
Tapi ayeuna desa abdi APBD paling alit sa Sumedang!!!!!(hiji catetan...)
www.pikiran-rakyat.com/cetak/0602/15/0403.htm
Tulungan ka anu ahli pengembangan desa, abdi hoyong diajar kumaha carana memberdayakan masyarakat supaya berhasil sejajar sareng desa sanes.
Upami emut ka waktos geunjleung Jatigede taun 85, desa abdi jadi simpe siga kampung anu teu aya eusian.
 
Upami bade janten bendungan sing jadi kamaslahatan, kamakmuran jeung karaharjaan sadayana da abdi sarerea teu nga ulah-ulah upami daerah abdi janten hiji daerah anu maju pikeun Jawa Barat. Beu pek teh teuing.....sanajan kedah leungit tempat anu jadi kareueus.
 
Jalak

"Iskandar A. Adnan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> JAtigede..hiji masalah anu ngaganggayong rahayat Darmaraja, Cadas sareng
> wado. Abdi warga Jatigede hoyong hirup siga daerah anu sanes anu
> makmur.....sabab abdi ge rahayat Indonesia sami ngagem Pancasila sareng
> UUD 1945. Tiasa dibayangkeun kapungkur dilembur abdi listrik teu asup
> padahal di lembur sagigireun asup listrik. Dulur pada mencal, exodus, anu
> beunghar pararindah padahal penggerak ekonomi. Kapeurih mangsa keur
> sangsara masih kasipen dina jero hate. Kadang kala sok hayang ngoceak
> BANGSAT PAMARENTAH!....tapi sadar kana diri jeung wiwaha...anu pasti
> kuring rahayat Jatigede hayang makmur. titik.....! Ngan deudeuh pajaratan
> pun Aki...upami enya janten jatigede...pek tilem ngan dina hate kuring
> moal tilem salawasna.

-------------------------
Nyeta, jigana mah geus ampir final kaputusan ngeunaan waduk Jatiged� teh,
kari nunggu waktuna wungkul meureun.
Ngawangun waduk teh kaitung gede pangaruhna keur lingkungan, komo mun geus
matalikeun jeung anu disebut "plasma nutfah" atawa sarupaning kabeungharan
alam. Kebon kalapa sawit, leuweung pineus, jeung sabangsana nu
ngakibatkeun homogenisasi, sanajan tina sisi ekonomi bisa ngahasilkeun,
tina sisi lingkungan mah ngaruksak pisan.
Balik deui ka waduk Jatiged�, mun misalna ku diwangunna ieu waduk bakal
leuwih loba mere mangpaat batan madorotna, utamana keur masarakat
sabudeureunana, tangtu ku urang kudu didukung, sabab ieu pikeun kamajuan
bangsa urang. Tapi, mun leuwih loba madorotna, kadung geus rek prak
dijieun, kudu diakalan sangkan eta efek gorengna teh bisa dikurangan,
diminimalisir.
Kajadian di waduk Cirata-Cianjur, geuning cenah kabejakeun, karuksakan nu
aya di eta waduk salasahijina dipicu ku loba teuing karamba, sedimentasi
jadi leuwih cepet, pieunteungeun pikeun engke kumaha hadena ngokolakeun
waduk Jatiged�.

isk


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke