--- durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Balik deui ngeunaan aksara sunda. Sim kuring boga
> impian hiji mangsa aya program komputer anu bahasa 
> sareng aksarana nganggo basa sunda. Persis jiga
> di jepang atawa di cina atawa di korea anu program
> komputerna tos nganggo tulisan sareng aksara manehna

> sorang-sorangan. Tapi...impian teh tinggal impian
mun 
> ti ayeuna mula euweuh nu ngamimitian proyek eta. aya

> kitu nu bade ngarintis?

Katinggalna mah, program komputer pikeun nulis aksara
sunda tea, teu pati sesah prosesna teh. Sabab
aturanana tulisan mah langkung jelas. Saperti jiga
nulis keur dokumen internet geuning. Contona pan lamun
ditulis kieu <i>hebat euy!</i>, tah gurijal we hasilna
tulisan 'hebat euy! ditulis miring. Tah tulisan Sunda
oge bisa make cara kitu. Lamun kuurang ditulis /ka,
/ga, /nga misalna, pucunghul gambar 'ka', 'ga', 'nga'
tea.

Anu langkung sesah mah jigana ngadamel kamus
elektronik sunda. Sabab rada hese nyieun aturanana,
teu jiga basa inggris. Pan basa inggris mah, misalna
'verb' ngan aya dua 'reguler' atawa 'irreguler'. Nu
'irreguler' mah ngan sakedik, cukup disimpen we
sadayana. Tah nu 'reguler' mah pan aya aturanna, bisa
tambah akhiran 'ing', 'ed' jeung sajabana. Jadi nu
disimpen teh cukup kecap asalna we, kecap kajajadena
mah sina dijieun ku komputer make aturan tea. 

Tah lamun basa sunda make aturan inggris, bakal jadi
pabaliut geura. Misalna, aya kecap 'ngising', naha ieu
teh kecap asal atawa kecap jadian, komputer lieur
ngabedakeunana. Lamun dianggap kecap asal, meureun
program komputer teh bakal bucitreuk, da loba teuing
nu kudu disimpen. Kitu geui lamun dianggap kecap
jadian, naha asalna teh tina 'ngis', terus 'ngised',
atawa 'ngising'. 

Sakitu heula ah.
MH




        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends.  Fun.  Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/ 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke