durahman nyerat: > Balik deui ngeunaan aksara sunda. Sim kuring boga impian hiji mangsa aya > program komputer anu bahasa sareng aksarana nganggo basa sunda. Persis > jiga > di jepang atawa di cina atawa di korea anu program komputerna tos nganggo > tulisan sareng aksara manehna sorang-sorangan. Tapi...impian teh tinggal > impian mun ti ayeuna mula euweuh nu ngamimitian proyek eta. aya kitu nu > bade ngarintis? ----------- Sababaraha waktu ka tukang kuring pernah ngumaha ngeunaan ieu, satutasna ngobrol jeung Tukang Bajigur, sugan manehna nyaho geus nepi ka mana ieu aksara Sunda teh. Harita di milis teu nyanggut, terus kabeneran sababaraha poe satutasna kuring panggih jeung Kang Opank. Tah, ceuk anjeunna, nu ngadamel samodel kitu teh tos aya, nyaeta Pa Ali Sastramidjaja. Anjeunna mun teu salah geus rek matenkeun ieu software (atawa naon bae lah, teu ngarti kuring mah). Leres pisan Kang Dur, ngabakukeun aksara Sunda teh penting pisan, sabab mun ngandelkeun tulisan leungeun, loba teuing rungkal-rengkolna karep nu nyieun. Mun baheula, bentuk baku dijieun mangrupa citakan. Tah mun ayeuna, nu mutkhir mah meureun kudu bisa diterapkeun na, misalna, microsoft office.
isk ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

