|
Sinarieun masiih keneh nyaring, euy..!!
Salam ka kualawarga KUSnet.
Wassalam,
Om TEDDY
----- Original Message -----
Sent: Friday, May 28, 2004 12:26 AM
Subject: [UrangSunda] Pak Jakob Sumardjo
jeung si kuring
Pa Jakob Sumardjo jalmi antik, ngetik masih keneh ku mesin
ketik. naha aya patalina jeung ageumanana, katolik, atawa ngan saukur resep
make barang nu disada tik tik, komo mun hujan rintik-rintik ,yeee..kamana
mendi. nu penting tungtungna t...
Enyaan, soal mesin ketik, lain
bohong. Apal soteh basa anjeuna masihkeun tulisanana dina raraga ngabedah
si Lolo tea. Nyariosna apik, milihan pisan kekecapan nu rek dikedalkeun
(jadi we kesana arap-ap eureup-eup). Tapi tulisanana mah, estuning eces,
herang ngagenclang. Asana mah nomer telepon bumina ge aya keneh dina
hp.
Kungsi meunang beja hawar-hawar (asana mah ti M. Sundjaya, tokoh
teater STB) yen Pak JS kungsi dicalonkeun jadi rektor (atawa kepala
sekolah) STSI Buah Batu, tapi teu kapilih atawa teu disatujuan, alesanana
dua cenah: lain US jeung katolik. Duka bener duka henteu.
Sigana mun
KUSnet ngayakeun Kongress deui, Pa JS kersaeun diulem, sina ngabahas
kasundaan, naon bae nu anjeuna hatam. Nya amplopan we. Tapi pak Saini KM
oge heula sae. Ngan duka ketang kersaeun teu diulem bari sila, da biasana
di seminar-seminar…..
mj
http://geocities.com/mangjamal
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|