Assalamualaikum Wr Wb.
 
Saur pun bojo, tadi aya Teh Djulia kadieu ngintun buku bari nuduhkeun bungkusan nu ngagunduk, atuh memeh ucul ucul teh, da kakara jol ti pagawean,  ngarawu heula bungkusan terus dbuka...euleuh enya we buku aya sababaraha hiji. Kararandel.
1. Kehidupan Masyarakat Kanekes/Saleh Dana Sasmita, Anis Djatisunda/1985.
2. Baduy Sasaka Domas/Suria Saputra/1950
3. Baduy Sasaka Domas/Suria Saputra/1950 (benten bahasanana)
4. Tjarita Oerang Badoey/ Raden Djaja Perbata/1912.
5. Amanat Galunggung/Drs Atja, Saleh Danasasmita/.....
6. Ratu pakuan/Drs Atja/....
Teh Djulia hatur nuhun pisan, hanjakal urang teu tepang, saur pun bojo teh da teu lami mani purat perot pisan.
Kanggo sim kuring mah dikintun buku eta teh asa kagunturan madu, atuda milarian ti baheula mula teu mendak mendak, ari ieu dikintun pisan. Sakali deui hatur nuhun.
Teh..."kearifan lokal" model Baduy teh kalintang pentingna diguar deui, kapungkur waktos urang ngobrol saurna Teteh tos rada sering ngadeugdeug ka Baduy, pamugi we tos mendak anu dipilari tangtos dina raraga panalungtikan.
Nitenan kaayaan kahirupan dina jaman kiwari anu kacida matak hareugeueunana, boa boa urang sadayana kedah "guguru" deui ka kearifan lokal model kitu, ka kearifan Sunda.
Buku buku teh teu acan dibaca, nembe dibukaan wungkul, aya hiji anu nuju di panteng dibaca mung nembe kenging sababaraha lambar, sanaos kitu, geuning teu acan sadayana kaguar rusiah Baduy teh, utamina mah Sasaka Domas-na.
Eta geuning sok sanaos kungsi aya bangsa Walanda dina taun 1800an nu kaidinan ngadeudeug ka Sasaka Domas tapi geuning teu kabujengeun nyerat kumargi kabujeng pupus.
Teh..saur sim kuring mah keun we eta rusiah teh ulah dibuka, bilih ilang dangiang.
Eh muhun nya dupi Teteh nu nuju narjamahkeun sajak Sunda kana Basa Inggris tea, sok pendak..?, upami pendak punten pangnaroskeun buku (basa Inggris) "Tembang Sunda/Win Van Zanten", buku eta teh rada dipusti pusti margi sesah deui milarianana.
Tos heula ah..Insya Alloh kapayun disambung deui..!
Wassalamualaikum Wr Wb
 
MSasmita
 
 
 
 
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke