Dimana Anjeun (1) Asruk asrukan aprak aprakan Nyorang fakta nu can nyata Leumpang mapay jalan logika Mana nu luyu jeung data Keur ngawangun hiji bewara
Geuning poe asa pondok Geuning peuting asa tereh Dimana tungtungna Mani asa ngorondang Hese lumpat komo meuntas Keur dimana kuring Keur naon kuring Keur saha kuring Sakur jalma nu ditanya Ngabetem neuteup bari imut Cangcaya atawa percaya? Ieu di dieu!!! Ceuk nu ngagorowok Kuring di dieu!!! Ceuk nu can kateang Sabaraha di dinya? Ceuk nu can kaitung Kuring kuduna di ditu! Kuring hayang di dinya! Kuring alusna di dieu! Sakapeung lieur teu walakaya mabok tapi teu kapok nyanghareupan sobat anyar Beurang peuting ngan jeung anjeun Nepi ka iraha maturan kuring? Tong lunta jauh mun urang can ngalagu, can ngagendrung da mi na ti la da da la ti na mi da (Ely Djulia) ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

