Bubuka

 

Dina saban pasamoan para inohong Sunda anu alhamdulillah geus rada mindeng diayakeun, meh salawasna muncul pertanyaan, saha jeung kumaha sabenerna Ki Sunda anu baheula pikareueuseun, anu ayeuna saperti taya anu wawuh deui ka inyana. Dalah urang Sunda sorangan.

Para pejuang Sunda anu haying ngaronjatkeun martabat Ki Sunda, teu eureun-eureun tumanya, kumaha saenyana sifat urang Sunda anu mere pulas kana perjuanganana ? Naha kudu sarua jeung suku-bangsa sejen anu ngeusian Indonesia ayeuna ? Lamun kitu naon untungna da batur ge geuning teu leuwih hade batan urang Sunda, komo diukur ku udunanana kana kajayaan Indonesia mah. Sabalikna lamun kudu beda, palebah mana kudu leuwih punjulna, kapan cenah, urang Sunda teh boga kaleuwihan anu beda ti anu sejen.

Malah dina hiji pasamoan kungsi aya inohong anom anu nyarita kieu : � Wakca bae, sim kuring mah enya ge urang Sunda kakara ayeuna engeuh jeung aya kahayang milu ngaronjatkeun martabat Sunda teh. Tapi teu terang kumaha prakna Maksudna, naon jeung kumaha falsafat Sunda anu kudu jadi rohna perjuangan Sunda, boh dina widang politik, ekonomi, sosial jeung budaya, da ari tanpa  ta mah, perjuangan the bakal hapa. Kapan hebatna perjuanga hiji bangsa teh sabagean gede gumantung kana sakumaha kuatna kayakinan jeung kataatan bangsa eta kana falsafatna. Tah falsafat eta anu kuring tacan terang tepi ka kiwari the, sanajan ari sacara naluriah mah kareueus jadi Sunda teh tos nyampak.�

Bawirasa, inohong anom anu kitu the sigana henteu nyorangan. Bisa jadi aya jutana. Anu kitu, penting pisan dijawab.

Tulisan ieu, sacara sederhana pisan seja nyoba nyoba ngajawab pertanyaan :  Saha jeung kumaha ari Ki Sunda ?

Muga-muga aya pupurieunana.

 

 Hanca...

 

 

H. Rachmat M.A.S


Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke