Haturan Kang Rachmat,
 
Wilujeng sumping,
Wilujeng patepang dialam sunda anu anyar,
Sunda anu baris ngahiji deui,
Sunda nyebarkeun wawangi,
 
Kang Rachmat,
Mangga atuh geura pesek "saha sareng kumaha ari Ki Sunda teh"  sing dugi ka Galeuh Sundana da kadang wargi tos sarumping tisuklakna-tisiklukna, wargi sunda anu disampar jagat. 
Mangga sim kuring ngiring ngareugepkeun. 
 
Wassalam,
dudi_ss ti palih wetan  
 
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, June 01, 2004 10:19 PM
Subject: [UrangSunda] Ki Sunda

Bubuka

 

Dina saban pasamoan para inohong Sunda anu alhamdulillah geus rada mindeng diayakeun, meh salawasna muncul pertanyaan, saha jeung kumaha sabenerna Ki Sunda anu baheula pikareueuseun, anu ayeuna saperti taya anu wawuh deui ka inyana. Dalah urang Sunda sorangan.

Para pejuang Sunda anu haying ngaronjatkeun martabat Ki Sunda, teu eureun-eureun tumanya, kumaha saenyana sifat urang Sunda anu mere pulas kana perjuanganana ? Naha kudu sarua jeung suku-bangsa sejen anu ngeusian Indonesia ayeuna ? Lamun kitu naon untungna da batur ge geuning teu leuwih hade batan urang Sunda, komo diukur ku udunanana kana kajayaan Indonesia mah. Sabalikna lamun kudu beda, palebah mana kudu leuwih punjulna, kapan cenah, urang Sunda teh boga kaleuwihan anu beda ti anu sejen.



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke