Hatur nuhun cep Tatan !!!, ke wengi ku abdi ditelepon ka pun adi !!
Pihatur
SSW
Endang Tatan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Endang Tatan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wa sidik, upami saparantos kulem (bade gugah) teras teu tiasa langsung ngorejat, saurna mah eta teh gejala osteoporosis, janten panyawat tuang Rai teh sanes wae Radang usus besar, tiasa janten aya oge panyawat pengapuran tulang (osteoporosis), kaleresan sasih kamari abdi ngiringan seminar tentang Osteoporosis, nya ari pangobatatanana mah salian ti obat ti dokter teh , saurna urang kedah sering moyan enjing enjing supados aya proses produksi Vitamin D dina raga urang.tatan-----Original Message-----
From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, June 02, 2004 10:23 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Tulungan !!!!Para wargi kusnet !!!!, manawi aya anu uninga, gaduh pangalaman sami, cik abdi nyuhunkeun tulung !!!.Perkawisna mah kieu ; abdi teh gaduh adi awewe, parantos aya tilu taunan gaduh panyawat, sanggem dokter ; "Radang Usus Besar", parantos kadokter/rumahsakit mah tiasa disebat parantos boseneun, malih mah kantos dua kali abdi ngintun landong sasasiheun-sasasiheun alhamdulillah, seep landong, dua tilu sasih karaos deui !!!, sasih kamari lalandong ka RS Hasan Sadikin Bandung, dipasihan landong, namung nyakitu badanna barareuh beureum (alergi panginten !!!), sanggemna karaosna dina padaharan palih katuhu upami dicabak aya anu ngajendul, enjing-enjing upami nyaring teu tiasa langsung ngorejat hudang, namung kedah mecetan suku heula nembe tiasa turun tina ranjang !!!, ma'lum salakina mung padamel negeri rendah, atuh kanggo lalandong teh sok parebut sareng kabutuhan dapur.Tah bilih bae aya diantawis para wargi anu terang landong-landong tardisional/alternatif , cing abdi nyuhunkeun bongbolongan !!!,Hatur nuhun sateuacanna !!PihaturSSW
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

