Di mana linggihna rai teh, kang ?
Sanes bade nyanyahoanan, nanging upami masalahna dina saluran pencernaan,
sim kuring gaduh CRP (Coarse Rice Powder) anu tiasa diandelkeun. Bilih bade
nyobian.

Salam sinarengan du'a : Pamugia sing enggal damang
pun Didin
Bekasi

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para wargi kusnet !!!!, manawi aya anu uninga, gaduh pangalaman sami, cik abdi nyuhunkeun tulung !!!.
Perkawisna mah kieu ; abdi teh gaduh adi awewe, parantos aya tilu taunan gaduh panyawat, sanggem dokter ; "Radang Usus Besar", parantos kadokter/rumahsakit mah tiasa disebat parantos boseneun, malih mah kantos dua kali abdi ngintun landong sasasiheun-sasasiheun alhamdulillah, seep landong, dua tilu sasih karaos deui !!!, sasih kamari lalandong ka RS Hasan Sadikin Bandung, dipasihan landong, namung nyakitu badanna barareuh beureum (alergi panginten !!!), sanggemna karaosna dina padaharan palih katuhu upami dicabak aya anu ngajendul, enjing-enjing upami nyaring teu tiasa langsung ngorejat hudang, namung kedah mecetan suku heula nembe tiasa turun tina ranjang !!!, ma'lum salakina mung padamel negeri rendah, atuh kanggo lalandong teh sok parebut sareng kabutuhan dapur.
Tah bilih bae aya diantawis para wargi anu terang landong-landong tardisional/alternatif , cing abdi nyuhunkeun bongbolongan !!!,
Hatur nuhun sateuacanna !!
 
Pihatur
SSW   
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke