--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >Hua ha ha ha, eta MJ mani keukeuh ngabobotohan Kang
> >AG. Nepi kanyenyerian kitu, majar US mah geus
> >'aredun' jeung 'hebring' sagala.
> -------
> Kanyenyerian ku naon kang? Kumaha kitu, mun si
> kuring KEUKEUH ngabela jeung jadi bobotoh AGUM? si
> kuring mah reueus we ka urang sunda teh. urang sunda
> nu ngan saukur urang sunda, lain ki sunda (aos
> seratan kang Tjetje Hidayat Padmadinata). aya teu
> salah mun si kuring hayang aya US nu makalangan
> ayeuna dina jaman repotnasi. salah teu?
Atuh kuring oge, palebah dinya na mah akur sareng MJ,
hayang aya inohong US anu makalangan di tingkat
nasional malah mancanagara. Tangtu reueus kacida. Ngan
nu jadi pikir teh masalah jejer soldadu sareng sipil.
Lamun aya tea mah ti sipil US anu makalangan, Insya
Allah moal dipikir dua kali.
Sakapeung kuring mikir, kunaon ari inohong sipil US
asa arang anu makalangan di tingkat nasional. Pak Ihin
tangtara, Pak Aji soldadu, Kang Agum sarua oge. Naha
ngan soldadu kitu anu bisa jadi inohong US teh?
Kahariwang ka pamimpin soldadu teh ku militerisme na.
Memang bener sipil oge boga pamadegan militerisme.
Ngan jigana kemungkinan tangtara boga pamadegan
militeristik leuwih gede tibatan sipil.
Kunaon sababna ari sipil US jiga teu pati resepeun
kana pulitik? Contona wae Kiai, pan di TS teu saeutik
pasantren. Geuning Kiai baturna da wani nyieun fatwa
sagala.
> batur mah urang jatim, nepi ka tanda tangan cap
> getih...bela Mega. beu...
> ---------
>
> tapi da memang urang sunda mah ngan ukur tukang
> teuing...Agum jadi cawapres oge ngan ukur di ajak.
> urang sunda mah euweuh kawani ngajukeun diri jadi
> capres, rumaos, urang sunda mah pasolengkrah...aya
> tapi euweuh.
> Mj
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/