Wah gateul oge yeuh, hoyong ngomentaran posting dihandap ieu. Upama nitenan kampanye Capres/cawapres ayeuna, jelas pisan media massa anu pang kawasana. Ceu Mega oge pan "bendu" waktu diwawancara di SCTV, nepi ka ngedalkeun komentar "wah saya dipojokkan", kitu ceuk laporan Kompas. Masih mending dikedalkeun, resikona ceu mega nyetop masang iklan di SCTV. Ari gaya teu satuju ku cara "molototan", jelas gaya orde baru, leuwih serieus risikona. Paingan atuh waktu keur peuting ningali wawancara dina salah sahiji stasiun TV, anu ngawawancara mani "santun" pisan, jeung asana teh teu pati dikenal di lingkungan reporter pertelevisian.
Tapi tong hookeun teuing, ku cara wawancara di tv, sabab bisa wae wawancara eta teh direkayasa nurutkeun hiji skenario anu baris nguntungkeun anu diwawancara. Jeung deuih, para tokoh anu disorot na TV teh tingkah lakuna beda jauh lamun teu disorot ku TV. Tah nu kitu teh alatan ku kaampuhan "sihir" media massa. Jang Imam pan salah sahiji selebriti anu sok sering mucunghul di media massa. Pendidikannya anu doktor di widang sosiologi, nyaho pisan kana karakter jalma/massa jeung media massa. Jadi nekadna Imam sabenerna rek nguji kualitas capres anu diwawancara. Terus Tempo ngabocorkeun rusiah ieu. Jadi rame. Anu pasti nambah pagawean tim sukses para capres, kumaha ngatur jeung ngawilah-wilah rek wawancara di media mana, saha anu jadi pewawancara, jeung kumaha sikep capres lamun nyanghareupan kaayaan anu teu dihareupkeun. mrachmatrawyani --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > --- Endang Tatan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Pola militeristik jiga kieu nu dipikahariwang teh. > Contona wae, beja anyar di Tempo waktu aya acara > diskusi capres Wiranto di salah sahiji stasiun TV. > Imam Prasojo milu diundang cenah. Waktu Wiranto rek > datang, Imam didatangan ku manajaer TV tea, yen > Winranto teu panuju Imam miluan diskusi. Eta manajer > teh cenah meunang pesen ti ajudan Wairanto. > > Dasar Imam nekad, waktu Wiranto datang ditanya > langsung ku Imam, naha bener cenah yen Wiranbto teu > panuju Imam ulubiung. Ari jawaban Wiranto teh, teu > ngaku manehna ngahalangan Imam miluan. Atuh diskusi > teh diteruskeun we. Tungtungna cenah manajer TV teh > dipolototan ku ajudan Wiranto teh. > > MH > > > -----Original Message----- > > From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED] > > Sent: Tuesday, June 08, 2004 3:01 PM > > To: [EMAIL PROTECTED] > > Subject: Re: [UrangSunda] re: AGUM PASTI ELEH > > > > > > > > --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > >Hua ha ha ha, eta MJ mani keukeuh ngabobotohan > > Kang > > > >AG. Nepi kanyenyerian kitu, majar US mah geus > > > >'aredun' jeung 'hebring' sagala. > > > ------- > > > Kanyenyerian ku naon kang? Kumaha kitu, mun si > > > kuring KEUKEUH ngabela jeung jadi bobotoh AGUM? > si > > > kuring mah reueus we ka urang sunda teh. urang > > sunda > > > nu ngan saukur urang sunda, lain ki sunda (aos > > > seratan kang Tjetje Hidayat Padmadinata). aya > teu > > > salah mun si kuring hayang aya US nu makalangan > > > ayeuna dina jaman repotnasi. salah teu? > > > > Atuh kuring oge, palebah dinya na mah akur sareng > > MJ, > > hayang aya inohong US anu makalangan di tingkat > > nasional malah mancanagara. Tangtu reueus kacida. > > Ngan > > nu jadi pikir teh masalah jejer soldadu sareng > > sipil. > > Lamun aya tea mah ti sipil US anu makalangan, > Insya > > Allah moal dipikir dua kali. > > > > Sakapeung kuring mikir, kunaon ari inohong sipil > US > > asa arang anu makalangan di tingkat nasional. Pak > > Ihin > > tangtara, Pak Aji soldadu, Kang Agum sarua oge. > Naha > > ngan soldadu kitu anu bisa jadi inohong US teh? > > Kahariwang ka pamimpin soldadu teh ku militerisme > > na. > > Memang bener sipil oge boga pamadegan militerisme. > > Ngan jigana kemungkinan tangtara boga pamadegan > > militeristik leuwih gede tibatan sipil. > > > > Kunaon sababna ari sipil US jiga teu pati resepeun > > kana pulitik? Contona wae Kiai, pan di TS teu > > saeutik > > pasantren. Geuning Kiai baturna da wani nyieun > fatwa > > sagala. > > > > > batur mah urang jatim, nepi ka tanda tangan cap > > > getih...bela Mega. beu... > > > --------- > > > > > > tapi da memang urang sunda mah ngan ukur tukang > > > teuing...Agum jadi cawapres oge ngan ukur di > ajak. > > > urang sunda mah euweuh kawani ngajukeun diri > jadi > > > capres, rumaos, urang sunda mah > pasolengkrah...aya > > > tapi euweuh. > > > Mj > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger. > http://messenger.yahoo.com/ > __________________________________ Do you Yahoo!? Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger. http://messenger.yahoo.com/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

