>tuh kuring oge, palebah dinya na mah akur sareng MJ, >hayang aya inohong US anu makalangan di tingkat >nasional malah mancanagara. Tangtu reueus kacida. Ngan >nu jadi pikir teh masalah jejer soldadu sareng sipil. >Lamun aya tea mah ti sipil US anu makalangan, Insya >Allah moal dipikir dua kali.
Ari keur sasoranganeun mah, si kuring, aya US nu sanajan ngan diajak wungkul oge, geus reueus. ayeuna geus teu penting deui sipil militer teh. da AG jadi tangtara teh, meureun, cara manehna neangan pakasaban jang maraban anak pamajikan. >Sakapeung kuring mikir, kunaon ari inohong sipil US >asa arang anu makalangan di tingkat nasional. Pak Ihin >tangtara, Pak Aji soldadu, Kang Agum sarua oge. Naha >ngan soldadu kitu anu bisa jadi inohong US teh? >Kahariwang ka pamimpin soldadu teh ku militerisme na. aya heureuy, mending sipil jadi militeris, daripada militer nu jadi sipilis. hehe. baheula di kusnet ieu si kuring kungsi ngalamun, meureun pangna US loba nu asup tangtara, Siliwangi kakoncara jadi kodam elite jeung paporit, sabab dina hate Urang Sunda, hayang boga nagara, gaganti Pajajaran nu geus euweuh di kieuna. matak tangtara mah cenah merah putih, kaasup AG. ayeuna panglima Aceh Darurat Militer mayjen Endang Suwarya. ngarana mah US oge. >Memang bener sipil oge boga pamadegan militerisme. >Ngan jigana kemungkinan tangtara boga pamadegan >militeristik leuwih gede tibatan sipil. eta teh ciri khas masyarakat kelas menengah-terdidik. trauma ku cara2 nu dilakukeun Suharto jeung jendral2 sejenna. ayeuna kuduna mah alam pikir geus robah, sabab asana mah beuki transparan. jendral2 dina tv (nu capres cawapres) ditaranya ku msiswa ku pertanyaan nu mun jaman suharto mah, teu mungkin wani diucapkeun dina forum. jaman geus robah. beuki transparan, beuki demokratis, meureun. Agum oge Wiranto ditanya teuing kusaha, Apa Anda merasa pantas jadi Presiden atau Capres? patanyaan nu ceuk etik Sunda mah cologog kitu, moal aya keur jaman HMS mah. Wiranto oge Agum teu ngambek. ngajawab sabisa-bisa. Wiranto-SBY nu harita panglima TNI nu nyieun repormasi tni. Agum di tilu kabinet jadi menteri. memang alusna mah sipil, tapi da capres na mah Hamzah Haz. jeung sipil masih butuh waktu jang konsolidasi atawa ngasakeun kabisa. da teu gampang ngarubah naon nu geus dicecebkeun ku SUharto salila 30-an taun. komo ayeuna mah, meureun, pres-wapres moal siga HMS deui-wapres ngan ukur asesoris, da jaman geus robah. pemilu laih milih presiden, tapi ngan ukur milih wapres, tamba teu teuing.... >Kunaon sababna ari sipil US jiga teu pati resepeun >kana pulitik? Contona wae Kiai, pan di TS teu saeutik >pasantren. Geuning Kiai baturna da wani nyieun fatwa >sagala. Mun maca tulisan kang Tjetje Hidayat Padmadinata, nu kungsi di posting ka kusnet duka ku saha, didinya dijentrekeun kunaon US rada hese jadi pamingpin nasional. sanajan ceuk kuring mah ngan ukur apologia atawa neluh maneh. manehna politisi golkar mangtaun-taun (ti AMS), terus pindah ka partey Edi Sudrajat. THP mere conto pamingpin urang sunda nu pas teh ngan Otto Iskandardinata, jeung saha poho deui, OI nasibna pikanyeurieun urang sunda: diculik, maotna di Mauk banten, jasadna teu kapanggih! Tapi ceuk kuring mah US boga potensi alus, teu eleh ku seler sejen. saur ua Djatnika kapungkur, mayoritas bos BUMN teh US. Salah salima alesana teh meureun nya watek US sorangan nu teu solid. nu pasolengkrah, mawa karep sorangan2. beda jeung seler batur nu kompak jeung solid, beda ka pamingpina atawa tokohna. Kyai di TS aya nu di puncak NU kamari2, Abah Anom, ti Tasik. duka ayeuna. malah aya kekecapan, urang sunda mah, mun batur maju, sirik. lain ngadukung. atawa mun aya urang sunda nu jadi inohong teu ngajak dulurna, boh baraya sageutih boh saseler (kecuali Yogi SM). ieu kieu teh kuduna geus kudu dirobah ku US generasi beh dieu, ayeuna, ku urang. Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

