Ha ha ha haaaaaaaaa
Kang Syam pinteran, hanjakal teu bisa di save geus pinuh teuing sok eror deui ......he he, mun aya buku na mah, bade nambut wae kang......teteh resep macana
Kang teteh serius aya teu bukuna..?
Salam
Teh tien
syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Semah AtahadolBada isya kurutak Juhe datang ti panyabaan bari jeung rarebo kusono, rangkibung ku rasa rindu lantaran meh tilu bulan teu balik kalembur. Ti terminal keneh beungeut pamajikanana geus ngongkolak wae dina panon, kumejot hayang geura numplekeun rasa kasono. Kituna mah pantes, da waktu ditinggalkeun nyaba, sasatna keur anyar papangantenan keneh. Ningali salakina datang, Sari anu keur anteng nonton sinetron dina tivi, langsung ngabageakeun ku paroman anu marahmay tanda gumbira." Damang kang ?!" pokna bari solongkrong ngajak sasalaman. Dua dampal leungeunna patarema. Seeer jeduuud ! Jeleguuur.....!! Dua rasa diadu ngajadi hiji, lir ombak laut kidul anu keur meujeuhna motah." Alhamdulillah, kumaha sawalerna ?" ngajawab semu haroshos." Pangesto kang !" dijawab ku Sari anu teu weleh dipasieup ku imut anu ngagelenyu.Wanci geus nunjukeun jam dalapan peuting, hawa geus mimiti nyilingit tiris, Juhe siga nu geus teu sabar, panonna meus meus ngareretan lawang panto kamar, ari Sari jongjon nyolokan chanel tivi ku gagang sapu minangka remotna." Kang bilih bade leleson, mangga tipayun abdi bade ngoncian panto heula !" ceuk pamajikanana surti. Karek oge nek cengkat ngajungjung, tiluar aya nu uluk salam." Assalamu alaikum !" sora semah meuni nyelengkeung." Waailakum salam !" Dua duana meh bareng nembalan,hatena sarua pada pada mentegeg." Sikasebelan aya aya wae !" kitu meureun nu ngarakacak dijero hatena." Geuning silaing, Bro aya naon euy peuting peuting !"" Puguh ngahaja euy, da ngadenge aya beja yen ente datang, nek menta ududeun !"" Kaparengan can meuli euy poho !" Juhe alesan, padahal dina kantongna aya kana dua selopna." Keun wae atuh ari kituh mah, nek ngadon lalajo mengbal we dina ditivi, kaparengan aya siaran langsung liga inggris, tas acara mengbal bejana aya acara siaran langsung wayang golek sapeuting jeput !" ceuk Ibro teu euleum euleum. Ngadenge kitu angeun Juhe ngadadak seueul, maenya nek ngadeluk wae maturan semah tapi sabalikna pamohalan semahna dibuburak titah kaluar." Nyi suguhan atuh, maenya semah dianggurkeun wae, pan cikopi pait mah aya lin ?"" Mangga kang !" satengah kapaksa, Sari ngojengkang kadapur nek nyieun cikopi jang tamuna." Ari dikota ramena pasangan capres/cawapres saha euy ?" Ibro nanya sual perpolitikan." Ari nurutkeun poling mah nya mun teu AR nya SBY euy nu unggul teh...ari dilembur kumaha ?" Juhe malik nanya." Dilembur mah rehe wae geuning, padahal enya aya urang sunda anu nyalon, tapi siga nu teu kabengbat geuning, ari sapandukna mah ngajareblag menta dukungan ti urang sunda !"" Dewek mah nek milih anu pasti lolos ka putaran kadua euy !"" Heueuh sarua dewek ge, daripada milih anu can puguh meunang, mubajir we sora urang euy !"Keur guntreng ngobrol,pes listrik teh ngadadak pareum, Ibro anu kadedemes nongton mengbal handeueuleun, manehna gura giru balik lantaran inget kapamajikanana lamun pareum listrik teh sok kuwawang keweweng neangan cempor." He...lain teu sono dewek nek balik euy !" ceuk Ibro bari ngajaweng lampu senter anu tadi dibawa." Heueuh jig...kahade dijalan poek, mangkaning imah dewek mah pan mencal jauh tibatur !" Hate Juhe asa bungangang.Heuleut sababaraha waktu, bray listrik teh caang deui, Sari nyerengeh seuri bari nyampeurkeun ka Juhe pok ngomong." Aman ayeuna kang teu kudu diusir geuning semah teh !"" Naha dikumahakeun kitu listrik teh bet kawas nu ngarti ?"" Ku abdi meteran listrikna diturunkeun kang, keuheul atuh da !"" Hebat lah !" Juhe ngacungkeun jempol." Ayeuna bade neraskeun nongton mengbal atawa bade leleson kang ?"" Raosan mengbal dikamar yu...urang ngadu pinalti jeung akang !"Kakara ge nek singgolehe, diluar kadenge aya nu gura gero." He...geus teu aliran deui euy...nek nuluykeun lalajo tea !" Horeng nu gura gero teh Ibro.Nu dikamar simpe euweuh nu nembalan,nu kadenge sora si Ibro gura gero deui." Adeuw suku aing..suku aing kagencet !" bari terus lumpat balik deui kaimahna." Nya kunaon ari si Ibro make ceuceuleuweungan kitu ?" ceuk Juhe ngaharewos." Puguh ku abdi dilawang panto di pasangan senteg beurit kang !"" Heuheuy hebat euy....eh tuh nya jadi poho...ari tadi geus sabaraha tendangan pinalti teh ?"" Pami teu lepat....nembe tilu kang !"" Har lain karek dua ?!"" Huz sok korupsi...sok atuh uih deui tihiji deui ngetangna !"" Juhe...Juhe... ari maneh meuni kokomoan teuing !" ceuk cakcak bodas anu titatadi lalajo anu keur ngaradu pinalti./SR
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

