Tim "gerayangan" keur ngayakeun uka uka dihiji makam karamat "ki buyut oray kadut" anu kasohor angker. Eta lokasi teh ayana di wewengkon lembur Durukduk desa Darekdok kacamatan Dorokdok. Saperti biasa samemeh diayakeun uji nyali sok diayakeun "diteksi" tempat heula, ku saurang ahli supranatural anu katelah bah Leo.
" Kinten kintenna aya dedemit naon nu ngageugeuh makam karamat ieu teh bah?" ceuk Sanip salaku pambawa acara. Samemeh ngajawab sungut bah Leo kunyam kunyem terus pok ngomong. " Tuh di handapeun tangkal caringin aya genderewo keur nyangereng bari ngelepus udud lisong, tuh ..tuh mun itu " ceuk bah Leo bari nunjuk kaluhur. " Aya naon bah ?" Sanip motong. " Aya kuntilanak keur gugulantungan sigana keur latihan banji jamping make areuy !" " Ari dina luhureun tutunggul ceuk paningal abah aya dedemit naon bah ?" " Tah didinya mah aya jurig cai keur anteng maca novel misteri...tuh mun itu anu digigireun tangkal kiara janggotan aya setan belang keur anteng ngode, sabab cenah ditempat eta sok rea jalma ngimpo neangan kode buntut !" " Terus dimana deui nu aya penampakan teh bah Leo ?" " Aya euy...malahan ayeuna keur nyangereng wae, bari kuam keom !" " Ayana dimana bah ?" " Tah didinya di hareupeun monitor !" ******* Rengse ngaditeksi, ayeuna giliran peserta uka uka, pesertana awewe, wanoja keneh geulis deuih. " Kumaha parantos siap ?" ceuk pambawa acara " Parantos !" jawabna halimpu. " Didieu aya dua kamera anu dilengkepan ku mikropon anu baris ngarekam kajadian kajadian aneh, mun salira teu sanggem neraskeun tinggal gugupay dipayuneun kamera atawa ngagorowok kana mikropon, kumaha kahartos ?" Sanip mere arahan. " Kahartos pisan !" jawab peserta uka uka. " Tah ieu surutu wajib diudud salami ngajalankeun uka uka bari ngucapkeun "bekok bau..bekok bau..bekok bau..." sabab ditempat ieu aya mitos yen mun aya istri udud bari jeung ngabekok ditempat ieu para dedemitna sok ngambek tur ngajirim, kumaha kahartos !" sambungna deui. " Kahartos pisan !" ngajawab bari dugang degeng siga ngumpulkeun pibekokeun. Kakara ge dua jam, peserta uka uka geus nyerah, leungeunna gugupay bari ngagorowok. Tim gerayangan buru buru nyampeurkeun. Sanggeus dijampe tur dibere nginum ku bah Leo, peserta uka uka langsung diwawancara ku Sanip salaku pambawa acara. " Aya kajadian naon wae tadi teh ?" pokna bari ngasongkeun mikropon ampir antel kana biwirna. " Tadi aya nu sing ceuleuweung pajarkeun kieu "godain kita dong " cenah !" " Teras basa salira nyebatkeun "cicing..cicing atuh..eta teh kasaha ?" " Puguh aya nu ngaleketek bari seuri iirihilan, enya mimiti mah ngaleketek kana kelek, tapi lami lami ngalih katatangga kelek, teras ngalih deui kahandapeunana, didinya mah anteng we !" " Ari dinu kitu mah atuh sanes ngaleketek, tapi rumpu rampa, teras basa nyebatkeun..alim..alim..dugikeun ka tilu kali, maksadna teh naon?'' " Saparantos wareg ngaleketek, manehna ngaharewos ka abdi kawas kieu " swer gue cinta banget ama elu " nya ku abdi teh diwaler kieu "kalo tampang elo kaya arjuna gue mau...coba atuh tampakin dulu wujudnya "...saterasna nya janggelek we ngajirim bari ngagorowok " gue ada disini yang !" sihoreng teh geuning dilebet eta...dilebah harigu abdi pisan..atuh langsung we abdi teh ngagorowok alim..alim..bari menta liren !" " Naha geuning ?" " Alim teuing gaduh kabogoh katuyul mah....ih amit amit...!" ceuk peserta uka uka bari bibirigidigan. syam ridwan [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

