Wah... pami bade studi banding wartosan nya, Mang... hoyong ngiring jalan2na we uing mah... Jigana nu kritis pisan mah, ngeunaan wajar (wajib belajar) 9 taun tea, mun bener2 hayang bisa laksana, kudu dibebaskeun tina pungutan beaya (pihak pengawas ti diknas meureun kudu kalawan tarapti ngawaskeun sangkan ieu program bebas biaya teh dilaksanakeun ku sakabeh sakola, kalawan teges ulah diwenangkeun aya pungutan beaya lain2). Atawa mun teu haratis 100%, sacara selektif & proporsional disaluyukeun jeung kamampuh nu jadi kolot/wali, oge kudu aya nu bener2 ngariksa. Mun teu kitu bisa manipulasi deui wae, beunghar ngaku sangsara. Kadua (kahijina mana, nya?), kaperyogian sakola teh sanes mung SPP. Malih nu seueur mah panginten beaya sadidintenna: saragamna, buku acuanna, alat tulisna, oge pangabutuh hirup di luar sakola. Maksud teh, mun kolotna bener2 ripuh, teu mampuh nyangu2 acan, kumaha tah? Meureun budakna ge bakal kajiret ku pangabutuh, mending nyiar gawe keur ngeusian beuteung & ngabantu kolot batan kudu sakola bari kukurubukan mah... Tah eta, kumaha solusina? Ngeunaan manipulasi, kuring aya dongeng... Pun Ua almarhum ngadegkeun yayasan na widang atikan, nya ngadegkeun sakola (atanapi masihan beasiswa kanu teu mampu kitu, hilap deui da kuring ge ukur meunang dongengna). Ngadegkeun yayasanna teh sareng kawawuhan anjeunna nu sanes. Kanggo operasional sadidintenna mah, nya dipasrahkeun ka kawawuhanana tea. Singhoreng, eta kawawuhan teh kalah nyakolakeun anak2na sorangan, padahal manehna mah bisa kasebut beunghar. Atawa dongeng ti kampus, yen aya mahasiswa nu bajoang sangkan manehna meunang beasiswa keur nu teu mampuh, dibelaan menta surat keterangan teu mampuh, padahal manehna mah hirupnya nyukupan, (rada) lubak-libuk...
isk mj nyerat: > kusabab urang mah teu apal kumaha cara2na sakola haratis... > urang studi banding ka negara2 saperti jerman, perancis, denmark, swedia, > norwegia, finlandia. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

