Lieur nya kang budi nitenan kahirupan ayeuna di rebuplik urang mah..
jadi tong palercaya teuing kana basa basina anu kompanyeu.. da moal aya kecap anu nomor 2.. pastina oge nyebutkeun yen kecapna pasti nomor hiji... Asbun we lah.. asal bunyi..
urang teh geus boga pangalaman ti jaman Orba keneh.. tiap aya kompanyeu.. ngan  jangji jeung jangji we....buktina mah atung eneh atung eneh...
 
-----Original Message-----
From: Budhi Setiawan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, June 11, 2004 9:05 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [UrangSunda] carana sakola haratis

Lamun ningali kondisi nagara urang ayeuna, asana jauh keneh lamun pamarentah bisa ngancokeun APBN keur sakola gratis teh. Tina itung-itungan kasar wae geus katempo, lamun sakola gratis meureun loba anggaran anu bakal dipotong, misalna keur subsidi BBM, sakola gratis ngan BBM naek, atung ngeneh atung ngeneh meureun ...
 
Sabenerna mah gampang-gampang susah mereskeun manipulasi teh, da di urang mah loba nu siga beunghar teh, misalna ongkoh ka ditu ka dieu kana mobil, tapi ari keur biaya sakola mah hayang gratis, padahal mobil teh meureun salah salima tanda jalma mampu ...
 
Meureun kajujuran teh geus mimiti luntur di nagreg urang ... salian ti eta rasa nyaah ka sasama oge geus mimiti ngurangan.... Kacida ngaherukna basa ningali Ishida san, geus kolot umurna manehna teh pengurus Pelita Indonesia Education Fund (PIEF) nu mere beasiswa keur nu teu mampu di Indonesia .... Nyieun brosur, moto copy nepi ka ngasupkeun ka kotak surat ku sorangan susuganan aya nu haat mere keur beasiswa tea ... Atuh dina nyalurkeuna oge teu kudu make aya acara tivi sagala, nu bejana cenah biaya keur tivi teh leuwih gede tinimbang sumbangan anu dibagikeun teh ... wallahualam
 
wassalam,
BS
oritate permai
 
---- Original Message -----
From: kumincir
Sent: Thursday, June 10, 2004 6:04 PM
Subject: Re: [UrangSunda] carana sakola haratis

Atawa mun teu haratis 100%,
sacara selektif & proporsional disaluyukeun jeung kamampuh nu jadi
kolot/wali, oge kudu aya nu bener2 ngariksa. Mun teu kitu bisa manipulasi
deui wae, beunghar ngaku sangsara.
Kadua (kahijina mana, nya?), kaperyogian sakola teh sanes mung SPP. Malih
nu seueur mah panginten beaya sadidintenna: saragamna, buku acuanna, alat
tulisna, oge pangabutuh hirup di luar sakola. Maksud teh, mun kolotna
bener2 ripuh, teu mampuh nyangu2 acan, kumaha tah? Meureun budakna ge
bakal kajiret ku pangabutuh, mending nyiar gawe keur ngeusian beuteung &
ngabantu kolot batan kudu sakola bari kukurubukan mah... Tah eta, kumaha
solusina?


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke