|
Lamun ningali kondisi nagara urang ayeuna,
asana jauh keneh lamun pamarentah bisa ngancokeun APBN keur sakola gratis teh.
Tina itung-itungan kasar wae geus katempo, lamun sakola gratis meureun loba
anggaran anu bakal dipotong, misalna keur subsidi BBM, sakola gratis ngan BBM
naek, atung ngeneh atung ngeneh meureun ...
Sabenerna mah gampang-gampang susah
mereskeun manipulasi teh, da di urang mah loba nu siga beunghar teh, misalna
ongkoh ka ditu ka dieu kana mobil, tapi ari keur biaya sakola mah hayang gratis,
padahal mobil teh meureun salah salima tanda jalma mampu ...
Meureun kajujuran teh geus mimiti luntur
di nagreg urang ... salian ti eta rasa nyaah ka sasama oge geus mimiti
ngurangan.... Kacida ngaherukna basa ningali Ishida san, geus kolot umurna
manehna teh pengurus Pelita Indonesia Education Fund (PIEF) nu mere beasiswa
keur nu teu mampu di Indonesia .... Nyieun brosur, moto copy nepi ka ngasupkeun
ka kotak surat ku sorangan susuganan aya nu haat mere keur beasiswa tea ... Atuh
dina nyalurkeuna oge teu kudu make aya acara tivi sagala, nu bejana cenah biaya
keur tivi teh leuwih gede tinimbang sumbangan anu dibagikeun teh ...
wallahualam
wassalam,
BS
oritate permai
---- Original Message -----
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- [UrangSunda] carana sakola haratis mj
- Re: [UrangSunda] carana sakola haratis kumincir
- Re: [UrangSunda] carana sakola haratis Budhi Setiawan
- Re: [UrangSunda] carana sakola haratis Jang Kanay
- RE: [UrangSunda] carana sakola haratis Endang Tatan

