Upami urang naros ka murangkalih sakola, SMP upamina, ari Islam lebet ka wewengkon nagara urang ti iraha ? Upami eta murangkalih teh kalebet murangkalih anu getol diajar/ngapalkeun hususna pangajaran sajarah, waleranana teh pasti : abad ka-16 ! Da memang kitu cenah carek dina bukuna oge !
Cul budak, ayeuna urang !
Carek kuring eta beja teh nyata baruang geusan mengkolkeun kayakinan urang kana benerna eusining Al-Qur�an ! Cobi galih, upami dipaluruh, tangtos bakal kacukcruk wireh lahirna Kangjeng Nabi Muhammad SAW teh dina taun 571 Masehi (pemandak sim kuring mah dinten Senen/Manis ping 3 Mei 571 Masehi), lajeng diangkat janten Rosulullah nalika yuswana 40 taun atanapi = 14.175 dinten. Numutkeun pamendak sim kuring, �dilantikna� Muhammad janten Rosul teh dinten Senen/Manis ping 22 Pebruari 610 Masehi, ngandung hartos abad ka-7 Masehi.
Upami leres lebetna Islam ka wewengkon urang teh dina abad ka-16 Masehi, ngandung hartos 10 abad atawa 1000 taun kadieunakeun !
Lah, kacida teh bet kaleuwihan !
Tah, ieu ! Di dieu aya baruang geusan ngahudangkeun pamikiran, yen lamun kitu nyatana, ngandung harti yen dawuhan Gusti teh geuning teu bukti. Dawuhan nu mana tea ? Dawuhan anu mana deui upami sanes nu netelakeun yeng diutusna Muhammad teh taya lian iwal ti rohmat pikeun sakumna alam : �Wamaa arsalnaka illa rohmatan lil �alamin�, kapan kitu dawuhan Mantena.
Carek kuring kantun tumaros ka diri anu sering ngalisankeun kalimah �sodaqolloohul adzim�. Patarosanana, kumaha getering ati pribadi nalika ngucapkeun eta kalimah ?
Upami ngan sakadar babasan, saukur tuturut munding, lalakon tamat dugi ka dinya !
Nanging upami sinarengan ku kayakinan, tangtos bakal kagungan pamadegan yen babaran sajarah urang anu kitu nyatana teh taya lian iwal ti runtah nu dipulas ku baruang !
Gusti Allah teh kapan kagungan sipat kun fa yakun, teu kawatesanan ku antara. Islam sumebar ka sakumna alam teh sapada harita nalika eta ayat dilungsurkeun. Nya atuh kantenan, kalebet wewengkon urang. Kitu numutkeun kayakinan. Upami kersa mapay-mapay kanyaataan, tandana aya basa anu nyelap. Tegesna, dimana aya basa Arab nyarelap, nya di dinya ajaran Islam tumerap. Si Kabayan upama, kapan eta teh Siloka Bayan, ari bayan kapan meles basa Arab. Bayan teh kapan atikan. Cobi saha anu uninga, saha anu ngagelarkeun Carita Si Kabayan ? (mun aya nu ngacung, eta pasti nyanyahoanan !) Anu jelas, dina ngaran Si Kabayan aya harti anu nyamuni, dina kecap Carita aya basa nu diropea, CARITA nu saenyana taya lian iwal : CAcadan RIsalah TAkul
Cag !
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

