Maca tulisan Kang Didin + Kang Hasan :
- Dina perkawis lebetna islam ka tatar sunda, sim
kuring asa sapagodos + Kang Hasan Garut, nyeta kedah
aya media anu ngadugikeunnana.
- Dina perkawis Kabayan, tah sim kuring bingung, duka
timana + iraha jolna dan carita kadaerahan kieu teh di
daerah batur oge aya, sapertos di Irak aya tokoh
Abunawas. Naon bentenna Abunawas + Kabayan. Da ari
dina carita na mah sarua lucuna, sarua loba akalna.
Kabayan beunang disebutkeun ngedul, tapi upami
dilenyepan caritana sok ngandung harti siloka. Saha nu
uninga ? mangga geura guar.

Jaka

--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Maca tulisan di handap tarang kuring kerung, halis
> naek ka luhur, biwir runya-renyu; ngaragameneng
> sakeudeung; tapi terus nyerengeh seuri koneng,
> nyenghel sorangan. 
> 
> Naon nu matak kuring kerung teh taya lian logika
> rasional dipedar make logika mistis. Ceuk logika
> rasional mah lamun aya beja sangkan nepi ka nu
> dibejaan teh, apan kudu aya nu ngabejakeunana sarta
> aya medium keur nepikeunana. Nu matak lamun make
> logika rasional mah Islam dipercaya datang ka tatar
> sunda ngaliwatan para sodagar Gujarat.
> 
> Lamun make logika mistis mah sagala rupa bisa jadi
> simplistik, sabab bisa dipedar make kirata. Lamun
> Islam datang ka tatar sunda dianggap bareng jeung
> turunna ayat ka Rosulullah, boa-boa Nabi Adam oge
> diturunkeun ka dunya, ragragna teh bisa jadi di
> Kanekes?
> 
> Medar Si Kabayan make kirata majar tina 'Siloka
> Bayan', rada edun oge. Apan 'bayan' mah atikan,
> biasana ari atikan mah ngajak bener nyarek salah. Nu
> ilahar dina carita Si Kabayan mah nu puguh mah
> pangedulan, geuhgeuyan wungkul. Asa arang langka
> carita Si Kabayan anu dipake keur urusan dawah
> Islam.
> Beda jeung carita wayang golek, memang sok dipake
> media dawah.
> 
> Kabayan dina basa Tagalog mah cenah asalna tina
> kecap
> 'kababayan'. Kababayan di dieu hartina lain 'merecet
> koneng' jiga di urang, tapi maksudna 'batur
> salembur'.
> 
> MH
> 
> --- Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> >://docs.yahoo.com/info/terms/
>  
> 
> 



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends.  Fun.  Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/ 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke