Maca tulisan di handap tarang kuring kerung, halis
naek ka luhur, biwir runya-renyu; ngaragameneng
sakeudeung; tapi terus nyerengeh seuri koneng,
nyenghel sorangan. 

Naon nu matak kuring kerung teh taya lian logika
rasional dipedar make logika mistis. Ceuk logika
rasional mah lamun aya beja sangkan nepi ka nu
dibejaan teh, apan kudu aya nu ngabejakeunana sarta
aya medium keur nepikeunana. Nu matak lamun make
logika rasional mah Islam dipercaya datang ka tatar
sunda ngaliwatan para sodagar Gujarat.

Lamun make logika mistis mah sagala rupa bisa jadi
simplistik, sabab bisa dipedar make kirata. Lamun
Islam datang ka tatar sunda dianggap bareng jeung
turunna ayat ka Rosulullah, boa-boa Nabi Adam oge
diturunkeun ka dunya, ragragna teh bisa jadi di
Kanekes?

Medar Si Kabayan make kirata majar tina 'Siloka
Bayan', rada edun oge. Apan 'bayan' mah atikan,
biasana ari atikan mah ngajak bener nyarek salah. Nu
ilahar dina carita Si Kabayan mah nu puguh mah
pangedulan, geuhgeuyan wungkul. Asa arang langka
carita Si Kabayan anu dipake keur urusan dawah Islam.
Beda jeung carita wayang golek, memang sok dipake
media dawah.

Kabayan dina basa Tagalog mah cenah asalna tina kecap
'kababayan'. Kababayan di dieu hartina lain 'merecet
koneng' jiga di urang, tapi maksudna 'batur salembur'.

MH

--- Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Upami urang naros ka murangkalih sakola, SMP
> upamina, ari Islam lebet ka wewengkon nagara urang
> ti iraha ? Upami eta murangkalih teh kalebet
> murangkalih anu getol diajar/ngapalkeun hususna
> pangajaran sajarah, waleranana teh pasti : abad
> ka-16 ! Da memang kitu cenah carek dina bukuna oge !
> 
> Cul budak, ayeuna urang !
> 
> Carek kuring eta beja teh nyata baruang geusan
> mengkolkeun kayakinan urang kana benerna eusining
> Al-Qur�an ! Cobi galih, upami dipaluruh, tangtos
> bakal kacukcruk wireh lahirna Kangjeng Nabi Muhammad
> SAW teh dina taun 571 Masehi (pemandak sim kuring
> mah dinten Senen/Manis ping 3 Mei 571 Masehi),
> lajeng diangkat janten Rosulullah nalika yuswana 40
> taun atanapi = 14.175 dinten. Numutkeun pamendak sim
> kuring, �dilantikna� Muhammad janten Rosul teh
> dinten Senen/Manis ping 22 Pebruari 610 Masehi,
> ngandung hartos abad ka-7 Masehi.
> 
> Upami leres lebetna Islam ka wewengkon urang teh
> dina abad ka-16 Masehi, ngandung hartos 10 abad
> atawa 1000 taun kadieunakeun !
> 
> Lah, kacida teh bet kaleuwihan !
> 
> Tah, ieu ! Di dieu aya baruang geusan ngahudangkeun
> pamikiran, yen lamun kitu nyatana, ngandung harti
> yen dawuhan Gusti teh geuning teu bukti. Dawuhan nu
> mana tea ? Dawuhan anu mana deui upami sanes nu
> netelakeun yeng diutusna Muhammad teh taya lian iwal
> ti rohmat pikeun sakumna alam : �Wamaa arsalnaka
> illa rohmatan lil �alamin�, kapan kitu dawuhan
> Mantena. Naha iraha atuh nu saleresna, Islam lebet
> ka wewengkon nagara urang teh ?
> 
> Carek kuring kantun tumaros ka diri anu sering
> ngalisankeun kalimah �sodaqolloohul adzim�.
> Patarosanana, kumaha getering ati pribadi nalika
> ngucapkeun eta kalimah ? Naha sinarengan kayakinan
> atanapi ngan sakadar babasan, saukur tuturut munding
> ?
> 
> Upami ngan sakadar babasan, saukur tuturut munding,
> lalakon tamat dugi ka dinya !
> 
> Nanging upami sinarengan ku kayakinan, tangtos bakal
> kagungan pamadegan yen babaran sajarah urang anu
> kitu nyatana teh taya lian iwal ti runtah nu dipulas
> ku baruang !
> 
> Gusti Allah teh kapan kagungan sipat kun fa yakun,
> teu kawatesanan ku antara. Islam sumebar ka sakumna
> alam teh sapada harita nalika eta ayat
> dilungsurkeun. Nya atuh kantenan, kalebet wewengkon
> urang. Kitu numutkeun kayakinan. Upami kersa
> mapay-mapay kanyaataan, tandana aya basa anu nyelap.
> Tegesna, dimana aya basa Arab nyarelap, nya di dinya
> ajaran Islam tumerap. Si Kabayan upama, kapan eta
> teh Siloka Bayan, ari bayan kapan meles basa Arab.
> Bayan teh kapan atikan. Cobi saha anu uninga, saha
> anu ngagelarkeun Carita Si Kabayan ? (mun aya nu
> ngacung, eta pasti nyanyahoanan !) Anu jelas, dina
> ngaran Si Kabayan aya harti anu nyamuni, dina kecap
> Carita aya basa nu diropea, CARITA nu saenyana taya
> lian iwal : CAcadan RIsalah TAkul
> 
> Cag !
> ---------------------------------


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke