Mj,
eta ge tos dicobian di lembur abdi mung abdi na can tiasa seueur waktos kalembur unggal mulih (periodik) maklum damel sareng kuliah abdi nyita waktos pisan.
Malih mah kantos abdi nyandak buku ti Jakarta teh disimpen kitu bae di lembur, abdi ge rada sesah milarian tempatna.
Duka kumaha?
 
Jalak

kang_boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aduuh...enya asa kaeraan ku MJ euy..., kaleresan dinten saptu ayeuna
sim abdi bade ka lembur da aya ondangan, insya Allah engke urang
obrolkeun sareng pupuhu lembur. Kaleresan deuih di lembur teh keur
ngawangun madrasah da puguh baudak anu ngaji di masjid geus teu
katampung. Tapi bilih aya baraya anu sanes meryogikeun PSK oge mangga
teh teuing, urang sasarengan bae ngawangun PSK-na.
Nuhun MJ diemutan..., pami engke sonten bade ngiring ngariung di
pangulinan Ua Sas tea....?

Cag...ah, hatur nuhun.

BM'69

--- In [EMAIL PROTECTED], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Di KUSnet urang Sumedang seueur, boa pangseueurna. tapi program
KUSnet, ngadamel pabukon simpay katresna tea, teu acan aya di
Sumedang. Kang Syam, bah Willy, si jalak, kang yaya korea, jeung nu
sanesna...
>
> Program Pabukon eta teh, asana tos papada terang. ngadamel
perpustakaan/pabukon ngangge cara natangga di lembur. buku2
ditempatkeun di hiji bumi -saena nu gaduh murangkalih sakola, SD boh
SMP, sangkan tiasa ngajak, ngabandang rerencanganana sina maraca
dibumina atawa di terasna...
>
> cik ka urang sumedang, ari mulang ka lembur, pangmilariankeun
baraya nu kersa katempatan buku kanggo bacaeun barudak atawa saha bae
nu resep maca. teu kedah gedong sigrong, asal aya tempatna we heula,
oge di lingkunganana, seueur barudak sakola SD-SMP...
>
> upami tos mendakan, wartosan di kuring.
> Mj


Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke