Hatur nuhun Mang Jamal Kieu, di Sumedang Kota mah tos aya Bimbel, sim kuring nuju ngalalanyah tempat rada di sisi lembur. Di lembur kuring Desa Mekarsari kecamatan Jatinunggal (pamekaran ti Kec. Wado), aya SD Sukamaju, SD Tarikolot, SMPN IV, sareng SMAN I Wado nu jarakna teu patebih, janten populasi barudak sakola lumayan seueur, mung tempat nu strategis pikeun ngarumpul barudak, kuring keur neang heula. Mun tos mendak, kumaha? Kedah permanen henteu, mending di rumah tinggal atanapi nebeng heula di perpustakaan SD, SMP, atanapi SMA? Kuring neang lembur sasasih sakali. Kumaha oge numutkeun wargi-wargi Sumedang sanesna?
Ely Djulia --- In [EMAIL PROTECTED], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Di KUSnet urang Sumedang seueur, boa pangseueurna. tapi program KUSnet, ngadamel pabukon simpay katresna tea, teu acan aya di Sumedang. Kang Syam, bah Willy, si jalak, kang yaya korea, jeung nu sanesna... > > Program Pabukon eta teh, asana tos papada terang. ngadamel perpustakaan/pabukon ngangge cara natangga di lembur. buku2 ditempatkeun di hiji bumi -saena nu gaduh murangkalih sakola, SD boh SMP, sangkan tiasa ngajak, ngabandang rerencanganana sina maraca dibumina atawa di terasna... > > cik ka urang sumedang, ari mulang ka lembur, pangmilariankeun baraya nu kersa katempatan buku kanggo bacaeun barudak atawa saha bae nu resep maca. teu kedah gedong sigrong, asal aya tempatna we heula, oge di lingkunganana, seueur barudak sakola SD-SMP... > > upami tos mendakan, wartosan di kuring. > Mj > > http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

