Aduuh...enya asa kaeraan ku MJ euy..., kaleresan dinten saptu ayeuna sim abdi bade ka lembur da aya ondangan, insya Allah engke urang obrolkeun sareng pupuhu lembur. Kaleresan deuih di lembur teh keur ngawangun madrasah da puguh baudak anu ngaji di masjid geus teu katampung. Tapi bilih aya baraya anu sanes meryogikeun PSK oge mangga teh teuing, urang sasarengan bae ngawangun PSK-na. Nuhun MJ diemutan..., pami engke sonten bade ngiring ngariung di pangulinan Ua Sas tea....?
Cag...ah, hatur nuhun. BM'69 --- In [EMAIL PROTECTED], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Di KUSnet urang Sumedang seueur, boa pangseueurna. tapi program KUSnet, ngadamel pabukon simpay katresna tea, teu acan aya di Sumedang. Kang Syam, bah Willy, si jalak, kang yaya korea, jeung nu sanesna... > > Program Pabukon eta teh, asana tos papada terang. ngadamel perpustakaan/pabukon ngangge cara natangga di lembur. buku2 ditempatkeun di hiji bumi -saena nu gaduh murangkalih sakola, SD boh SMP, sangkan tiasa ngajak, ngabandang rerencanganana sina maraca dibumina atawa di terasna... > > cik ka urang sumedang, ari mulang ka lembur, pangmilariankeun baraya nu kersa katempatan buku kanggo bacaeun barudak atawa saha bae nu resep maca. teu kedah gedong sigrong, asal aya tempatna we heula, oge di lingkunganana, seueur barudak sakola SD-SMP... > > upami tos mendakan, wartosan di kuring. > Mj > > http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

