Hapunten, perkawis lebetna kang Maman S Mahayana ka
milis urangsunda kuring anu salah.

Sawatara bulan kapengker, kuring papendak sareng kang
Maman, ngobrol ngaler-ngidul, bras ngobrolkeun KUSNET.
Kuring nawaran kang Maman ngagabung ka KUSNET, teras
anjeuna masihan alamat imilna. Ku kuring alamat Kang
Maman didugikeun ka Mang MJ, implik-implikna, supados
tiasa dilebetkeun  ngagabung ka KUSNET. Ti harita teu
kapendak deui sareng Kang Maman, sok sanaos salembur
di Kampus UI Depok. Kantos pendak sasasih kepengker,
harita teh nuju maturan tamu ti University Kebangsaan
Malaysia, tapi da teu nyabit-nyabit perkawis KUSNET.
Euh..ari kitu mah meureun teu aya wagelan naon-naon
perkara KUSNET.

Kang Maman panginten hilap deui, perkawis di luhur,
margi sibuk ku urusan di Dewan Kesenian Jakarta (DKJ)
anu nuju nyiapkeun Buku Babon "Sajarah Indonesia".
Jadi teu aya waktos kanggo mukaan eusi KUSNET anu
mangratus-ratus sadintenna.
Kuring oge nyungkeun panghapuntenna Kang Maman, nembe
ayeuna balaka perkawis ieu.
Ka Para wargi KUSNET kuring neda panghapunten, wirehna
ngaraos kaganggu ku ayana "ceuceuleuweukan" ti Kang
Maman. Upami di UI mah gaya sapertos kang Maman siga
kitu teh, tos dianggap biasa.
(jadi heunteu kang Man ka UKM?)


baktos,
pun mrachmatrawyani

-- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> bagea kang Maman, bingah akang kersa nyerat di
> KUSnet. tos lami e-mail akang teh dilebetkeun ku si
> kuring, da aya talatah ti kang Rani.
> 
> nepangkeukn si kuring, Jamal, di KUsnet katelah Mang
> Jamal. kuncen #3 ieu milis. padamelan sadidinten
> tukang ngawadul di jurusan desain itenas, kawit ti
> senirupa cap gajah cindeten :p. sok corat-coret,
> ngadamel novel, nu kahiji Louisiana Louisiana,
> Grasindo, 2003, nu kadua, nembe terbit,
> Rakkaustarina, Grasindo oge.
> 
> ka baraya KUSnet sanesna nu teu acan tepang, kang
> Maman S. Mahayana teh kalahiran Cirebon, ayeuna
> damel ngawulang di Fakultas Ilmu Budaya Jurusan
> Bahasa & Sastra Indonesia (asana mah kitu ayeuna
> merekna teh, kapungkur mah Fakultas Sastra) UI
> depok. balad kang Rani. 
> 
> Anjeuna oge salah satilu juri Lomba Novel Dewan
> Kesenian Jakarta 2004. 
> 
> baktos di bandung
> mj
> Mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> 
> 



                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke