Sim kuring asana hormat pisan ka Kang Siddik W. + Kang
Rachmat R. anu dua-duana menta dihampura bisi aya
kasalahan saurna. Jarang bin langka jalmi jiga
aranjeunna teh, seuseueurna mah sok ngarasa pang
benerna pang pinterna jeung pang nyahona. Ieu 2 jalmi
kedah picontoeun ka balarea. Ari ka Kang Rachmat mah
sim kuring teu heran da memang tos kenal ti jaman
baheulana, batur sakola tea, anu tetela ti keur budak
tepikeun ka ayeuna geus kolot manehna mah picontoeun.
Wilujeng kang ka sadayana mudah2an sim kuring tiasa
nurutan.
Wassalam
Jaka

--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Upami kitu riwayatna, atuh sanes deui cariosna, sim
> abdi neda agung nya paralun jembar hapuntena ti kang
> Maman S.M. oge MJ teu hilap kang Rachmat R., rumaos
> parantos akey-akeyan, ngageuhgeuykeun.
> Sakitu anu kapihatur, sakali deui ulah kirang-kirang
> ngahapunten
>  
> Pihaturna
>  
> SSW
> 
> 
> Rachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hapunten, perkawis lebetna kang Maman S Mahayana ka
> milis urangsunda kuring anu salah.
> 
> Sawatara bulan kapengker, kuring papendak sareng
> kang
> Maman, ngobrol ngaler-ngidul, bras ngobrolkeun
> KUSNET.
> Kuring nawaran kang Maman ngagabung ka KUSNET, teras
> anjeuna masihan alamat imilna. Ku kuring alamat Kang
> Maman didugikeun ka Mang MJ, implik-implikna,
> supados
> tiasa dilebetkeun  ngagabung ka KUSNET. Ti harita
> teu
> kapendak deui sareng Kang Maman, sok sanaos salembur
> di Kampus UI Depok. Kantos pendak sasasih kepengker,
> harita teh nuju maturan tamu ti University
> Kebangsaan
> Malaysia, tapi da teu nyabit-nyabit perkawis KUSNET.
> Euh..ari kitu mah meureun teu aya wagelan naon-naon
> perkara KUSNET.
> 
> Kang Maman panginten hilap deui, perkawis di luhur,
> margi sibuk ku urusan di Dewan Kesenian Jakarta
> (DKJ)
> anu nuju nyiapkeun Buku Babon "Sajarah Indonesia".
> Jadi teu aya waktos kanggo mukaan eusi KUSNET anu
> mangratus-ratus sadintenna.
> Kuring oge nyungkeun panghapuntenna Kang Maman,
> nembe
> ayeuna balaka perkawis ieu.
> Ka Para wargi KUSNET kuring neda panghapunten,
> wirehna
> ngaraos kaganggu ku ayana "ceuceuleuweukan" ti Kang
> Maman. Upami di UI mah gaya sapertos kang Maman siga
> kitu teh, tos dianggap biasa.
> (jadi heunteu kang Man ka UKM?)
> 
> 
> baktos,
> pun mrachmatrawyani
> 
> 



                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke