Upami kitu riwayatna, atuh sanes deui cariosna, sim abdi neda agung nya paralun jembar hapuntena ti kang Maman S.M. oge MJ teu hilap kang Rachmat R., rumaos parantos akey-akeyan, ngageuhgeuykeun.
Sakitu anu kapihatur, sakali deui ulah kirang-kirang ngahapunten
Pihaturna
SSW
Rachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hapunten, perkawis lebetna kang Maman S Mahayana ka
milis urangsunda kuring anu salah.
Sawatara bulan kapengker, kuring papendak sareng kang
Maman, ngobrol ngaler-ngidul, bras ngobrolkeun KUSNET.
Kuring nawaran kang Maman ngagabung ka KUSNET, teras
anjeuna masihan alamat imilna. Ku kuring alamat Kang
Maman didugikeun ka Mang MJ, implik-implikna, supados
tiasa dilebetkeun ngagabung ka KUSNET. Ti harita teu
kapendak deui sareng Kang Maman, sok sanaos salembur
di Kampus UI Depok. Kantos pendak sasasih kepengker,
harita teh nuju maturan tamu ti University Kebangsaan
Malaysia, tapi da teu nyabit-nyabit perkawis KUSNET.
Euh..ari kitu mah meureun teu aya wagelan naon-naon
perkara KUSNET.
Kang Maman panginten hilap deui, perkawis di luhur,
margi sibuk ku urusan di Dewan Kesenian Jakarta (DKJ)
anu nuju nyiapkeun Buku Babon "Sajarah Indonesia".
Jadi teu aya waktos kanggo mukaan eusi KUSNET anu
mangratus-ratus sadintenna.
Kuring oge nyungkeun panghapuntenna Kang Maman, nembe
ayeuna balaka perkawis ieu.
Ka Para wargi KUSNET kuring neda panghapunten, wirehna
ngaraos kaganggu ku ayana "ceuceuleuweukan" ti Kang
Maman. Upami di UI mah gaya sapertos kang Maman siga
kitu teh, tos dianggap biasa.
(jadi heunteu kang Man ka UKM?)
baktos,
pun mrachmatrawyani
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

