************************************************
Mugia manteNa ngersakeun anjeuna dina golongan nu mutaqin, sinareng ahlina tiasa 
dipasihan kakiatan anapon urang sadaya tiasa neraskeun kasaean rarancang anjeuna dina 
ngadegkeun kasundaan, amin! 
 
-pun adi-
abu dhabi
*************************************

Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Aamiin, ya Allah Ya Robbal alamiin !

Hatur nuhun Kang Teddy.
Tadi teh nembe jol pisan wangsul ngiring ngurebkeun, langsung bae muka e-mail.

Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ya, Allah mugia Drs. Bambang S. Suparman, kenging tempat anu mulya.
Hapunten sagala kalepatanna, paparin kanikmatan alam kubur, entengkeun
pamariosan di alam kubur,
Tempatkeun anjeunna dina jajaran Mujahidin...!!

Amien...!!

Pun TEDDY
Subang
----- Original Message -----
From: "Didin Kustandi" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Tuesday, June 29, 2004 11:37 PM
Subject: [UrangSunda] Neda du'a ti sadayana



INNA LILLAAHI WA INNA ILAIHI ROJI'UN

Parantos mulih ka jatina, seja mulang ka asalna ku Kersana Anu Kawasa,

Ki Sobat :

Drs. Bambang S. Suparman (51 taun)

Dina dinten Salasa/Pahing ping 29 Juni 2004 M./11 Jumadil Awal 1425 H.

Jam 03.00 WIB di Rumah Sakit Kartina Kota Bekasi

Dikurebkeun di Cisalak, Kabupaten Subang



Ieu Redaktur Pelaksana Tabloid WIBAWA MUKTI Pemkab Bekasi, Protokoler Pemkab
Bekasi, Manten Kepala Pariwisata Kabupaten Bekasi, Pembina Ikatan Abang Mpok
(IAM) Kabupaten Bekasi, Kepala Bagian Humas DPRD Kabupaten Bekasi sareng
sagudang kalungguhan anu sanesna teh kaserang kanker usus, ti kawit sasih
Januari 2004 tug dumugi ka hanteuna.



Katineung (pribadi) kuring ka anjeuna :

Drs. Bambang Supardi Suparman teh "inohong" pamarentahan di Kabupaten Bekasi
anu wedel kanyaahna kana Budaya Sunda, utamina Seni jeung Basa Sunda.
Seniman Sunda Sa Jawa Barat pasti uninga, yen di Gedong anu kacida luhur
ajenna di Kabupaten Bekasi, nyaeta di Gedong "Wibawa Mukti" (ku alpukah
anjeuna) kungsi digelar Seni Sunda nu pang-nyundana, nyaeta "Tembang
Sunda/Cianjuran" di payuneun Kangjeng (Dalem) Bupati Bekasi sinarengan Ibu,
diluuhan ku sakumna Seniman Wewengkon Bekasi, "Pejabat Teras" Pemda
Kabupaten Bekasi, para Camat sarta seniman seniwati (Tembang Sunda) satatar
Sunda sareng DKI Jakarta, utamina ti Bandung, Garut, Cianjur, Sukabumi,
Bogor, Subang, Karawang, teu kakantun Pakempelan Tembang Sunda Dharma Wanita
UNPAD Pimpinan Ibu Dedah Abu Memet (garwana Bapa DR. Ir. Tadjudin
Surawinata, MS). Atuh dina perkara miara basa Sunda, kuring sorangan anu
karagragan "curuk" anjeuna, saheulaanan "pangomeankeun basa Sunda" para
Mojang jeung Jajaka (Moka) Kabupaten Bekasi samemeh
dikirim ka "kontes" MOKA Jawa Barat, kitu saur anjeuna nalika nyepeng
(keneh) kalungguhan Kepala Dinas Pariwisata. Anapon rarancang anjeuna anu
teu acan kalaksanakeun, da nyaeta kabujeng teu damang tea, nyaeta ngadegkeun
Lingkung Seni Sunda di Lingkungan Pemkab Bekasi. Ngan sok sanajan kitu,
kuring teu ngarasa kahutangan da konsep kuring sakumaha pamundut anjeuna,
alhamdulillah parantos disanggakeun ka anjeuna dina selang waktu dua minggu.



Sakitu katineung anu teu weleh ngalangkang mun ras emut ka anjeuna, nu
ayeuna kantun waasna ..........................  Inna lillaahi wa inna
ilaihi roji'un.

Panuhun ka para wargi sadaya, pamugia rido galih maparin du'a, mugi Gusti Nu
Maha Suci ngahapunten sagala rupining kalepatanana, nampi iman islamna,
sarta maparin tempat anu lugina kanggo anjeuna, aamiin. Salajengna geusan
hirup-huripna Budaya Sunda di Bekasi, mugi Gusti Nu Maha Suci  maparin
(pejabat) gentosna anu langkung sae batan anjeuna. aamiin.



Hatur nuhun.



---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!

[Non-text portions of this message have been removed]




Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id

Yahoo! Groups Links








Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


            
---------------------------------
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
            
---------------------------------
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 



                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke