INNA LILLAAHI WA INNA ILAIHI ROJI'UN
Mugia Almarhum ditampi iman islamna dihampura sagala kalepatanana, 
kalayan dicaangkeun di alam kuburna. Amin. Teu hilap kanggo kulawargi 
anu dikantunkeun mugia dipaparin kakiatan iman kalayan kaikhlasan 
manah. Amin.

BM'69

--- In [EMAIL PROTECTED], Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> 
> INNA LILLAAHI WA INNA ILAIHI ROJI'UN
> 
> Parantos mulih ka jatina, seja mulang ka asalna ku Kersana Anu 
Kawasa,
> 
> Ki Sobat :
> 
> Drs. Bambang S. Suparman (51 taun)
> 
> Dina dinten Salasa/Pahing ping 29 Juni 2004 M./11 Jumadil Awal 1425 
H.
> 
> Jam 03.00 WIB di Rumah Sakit Kartina Kota Bekasi
> 
> Dikurebkeun di Cisalak, Kabupaten Subang
> 
>  
> 
> Ieu Redaktur Pelaksana Tabloid WIBAWA MUKTI Pemkab Bekasi, 
Protokoler Pemkab Bekasi, Manten Kepala Pariwisata Kabupaten Bekasi, 
Pembina Ikatan Abang Mpok (IAM) Kabupaten Bekasi, Kepala Bagian Humas 
DPRD Kabupaten Bekasi sareng sagudang kalungguhan anu sanesna teh 
kaserang kanker usus, ti kawit sasih Januari 2004 tug dumugi ka 
hanteuna.
> 
>  
> 
> Katineung (pribadi) kuring ka anjeuna :
> 
> Drs. Bambang Supardi Suparman teh "inohong" pamarentahan di 
Kabupaten Bekasi anu wedel kanyaahna kana Budaya Sunda, utamina Seni 
jeung Basa Sunda. Seniman Sunda Sa Jawa Barat pasti uninga, yen di 
Gedong anu kacida luhur ajenna di Kabupaten Bekasi, nyaeta di 
Gedong "Wibawa Mukti" (ku alpukah anjeuna) kungsi digelar Seni Sunda 
nu pang-nyundana, nyaeta "Tembang Sunda/Cianjuran" di payuneun 
Kangjeng (Dalem) Bupati Bekasi sinarengan Ibu, diluuhan ku sakumna 
Seniman Wewengkon Bekasi, "Pejabat Teras" Pemda Kabupaten Bekasi, 
para Camat sarta seniman seniwati (Tembang Sunda) satatar Sunda 
sareng DKI Jakarta, utamina ti Bandung, Garut, Cianjur, Sukabumi, 
Bogor, Subang, Karawang, teu kakantun Pakempelan Tembang Sunda Dharma 
Wanita UNPAD Pimpinan Ibu Dedah Abu Memet (garwana Bapa DR. Ir. 
Tadjudin Surawinata, MS). Atuh dina perkara miara basa Sunda, kuring 
sorangan anu karagragan "curuk" anjeuna, saheulaanan "pangomeankeun 
basa Sunda" para Mojang jeung Jajaka (Moka) Kabupaten Bekasi samemeh
>  dikirim ka "kontes" MOKA Jawa Barat, kitu saur anjeuna nalika 
nyepeng (keneh) kalungguhan Kepala Dinas Pariwisata. Anapon rarancang 
anjeuna anu teu acan kalaksanakeun, da nyaeta kabujeng teu damang 
tea, nyaeta ngadegkeun Lingkung Seni Sunda di Lingkungan Pemkab 
Bekasi. Ngan sok sanajan kitu, kuring teu ngarasa kahutangan da 
konsep kuring sakumaha pamundut anjeuna, alhamdulillah parantos 
disanggakeun ka anjeuna dina selang waktu dua minggu.
> 
>  
> 
> Sakitu katineung anu teu weleh ngalangkang mun ras emut ka anjeuna, 
nu ayeuna kantun waasna ..........................  Inna lillaahi wa 
inna ilaihi roji'un.
> 
> Panuhun ka para wargi sadaya, pamugia rido galih maparin du'a, mugi 
Gusti Nu Maha Suci ngahapunten sagala rupining kalepatanana, nampi 
iman islamna, sarta maparin tempat anu lugina kanggo anjeuna, aamiin. 
Salajengna geusan hirup-huripna Budaya Sunda di Bekasi, mugi Gusti Nu 
Maha Suci  maparin (pejabat) gentosna anu langkung sae batan anjeuna. 
aamiin.
> 
>  
> 
> Hatur nuhun.
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke